Zoologi

Zoologi mangrupa hiji widang élmu atawa cabang biologi anu ngulik ngeunaan sasatoan.[1] Elmu ieu mangrupa studi ilmiah ngeunaan sagala hal nu patali jeung sasatoan, kawas botani anu ngulik kana tutuwuhan.[2] Zoologi mangrupa bidang gedé nu nyakup klasifikasi unggal sasatoan di bumi sarta rupa-rupa widang nu leuwih lega tina ékspérimén jeung panalungtikan nu patali jeung kahirupan sato.[3] Karajaan sato mangrupa salah sahiji tina saeutikna lima karajaan dina organisme dibagi.[4] Nu séjéna nyaéta tutuwuhan, fungi, protista, jeung monéra.[rujukan?] Dua karajaan pangtungtungna mah ngan ukur diwangun ku organisme uniseluler.[4]

Referensi