Sasak

Sasak atawa jambatan nyaéta sebutan umum pikeun hiji wangunan anu dijieun ajang meuntasan jungkrang atawa anu lianna, misalna walungan, rél karéta, jalan raya, jsb. Sasak diwangun pikeun diliwatan di luhureun nu dipeuntasan. Ieu istilah sasak gé sok dipaké sacara umum, sangkan nyebut rawayan jeung cukang gé sok ku ieu istilah.

Sasak Golden Gate nyambungkeun San Francisco ka Marin County.

Rupa-rupa sasak

Dumasar kana strukturna, sasak sok dibagi kana sababaraha rupa.

  • Cukang (log bridge)
  • Sasak lengkung (arch bridge)
  • Sasak malang (Beam bridge)
  • Sasak rorongkong (Truss bridge)
  • Sasak Compression arch
  • Sasak gantung atawa rawayan (Suspension bridge)
  • Sasak kabel (Cable-stayed R bridge)
  • Sasak pananggeuy (Cantilever bridge)
  • Sasak angkat (bascule bridge)
  • Sasak gerak (movable bridge)

Galeri

Tempo ogé

  • Rawayan
  • Cukang
  • Daptar sasak dumasar panjangna
  • Sasak di Indonésia
  • Walungan

Tumbu luar




Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan