Salésma


Salésma nyaéta kasakit jero irung sok léhoan waé, tampolana sok ditambahan ku batuk sagala.[1] Basa lemesna pileg, tandana rék katarépa biasana sok dimimitian ku haben waé bersin atawa uuseupeun ngajauhan supaya ulah katerap, kuduna loba nginum cijeruk peres atawa disuntik ku pitamin C.[1]

Virus Salésma
Klasifikasi jeung sumber luar
TEM tina virus.
ICD-10J10., J11.
ICD-9487
DBPanyakit6791
MedlinePlus000080
eMedicinemed/1170  ped/3006
MeSHD007251

Bédana salésma jeung flu

Flu mangrupa inpeksi saluran napas anu disababkeun ku virus influenza, boh tipe A atawa anu parah mah tipe B jeung C.[2] Ciri has flu nyaéta demam, pegel,linu, nyeri dina otot (biasana tonggong jeung suku), leuleus atawa ojol-ojol capé, jeung nyeri sirah.[3] Panas nyebrét biasana ojol-ojol datang, sarta osok dibarengan ku muriang.[3] Sedengkeun ciri has salésma (common cold) irung mélér.[3] nyeri tikoro, dina jero beuheung bengkak sarta panas.[3] Cara nularna flu jeung salésma nyaéta aya dua, nu kahiji alatan nyisep partikel anu ngandung virus (saperti sekresi tina batuk jeung bersun), atawa ngarampa sekret saluran napas (lého anu napel dina kulit).[3] Lamun urang geus ngarampa sekret urang bakal téréh katularanana.[3] Dina loba kasus, panyakit salésma bisa nyababkeun bronhitis, ku sabab ayana inpeksi anu sumebar ka bronki jeung ngabalukarkeun batuk anu ngaluarkeun reuhak warna hauk kakonéngan tina bayah.[4] Ciri-cirina lamun nyeri dada bari hésé ngarénghap bari dibarengan getih atawa reuhak warna konéng atawa héjo.[4]

Cara nyingkahan

Salésma di sababkeun ku infeksi virus, leuwih ti 200 virus anu nyabakeun salésma.[5] Salain ti éta salésma ogé disababkeun daya tahan awak anu turun, atawa ayana alérgi dina irung jeung tikoro.[5] Salésma babari nularna, alatan bersin atawa ciduh anu gering salésma anu bakal asup kana saluran napas.[5] Lilana salésma salila 1 nepi ka 2 minggu.[5] Sabenerna salésma teu ngabutuhkeun ubar.[5] Sanajan salésma lain panyakit anu beurat, tapi panyakit ieu hésé ngeureunannana. Ubar anu bisa dilakonan téh nyaéta ngeureunkeun gejala atawa simtomna.[5] Ku sabab virus salésma loba jadi bakal ngueyeuban virus-virus nepi ka kebal lamun dibéré vaksin atawa antibodi.[5] Pikeun nyegah salésma anu paling utama nyaéta ningkatkeun kakebalan awak.[6] Pikeun ningkatkeun sistem kakebalan awak nyaéta ngaliwatan pola hirup séhat, seperti olahraga anu teratur sarta teu kaleueuwihi, nyingkahan stres, sarta ngadahar kadaharan anu ngandung giji utamana nu ngandung vitamin A jeung C.[6] Salain ti éta sangkan teu katerap panyakit salésma kudu sering ngumbah leungeun, ku sabab virus selesma bisa cicing dina méja, gagang panto, duit.[6] Singkahan lingkungan atawa jalma anu keur salésma ku sabab urang bisa katularan ngaliwatan bersin.[6] Salain ti éta kudu loba istirahat, di komprés ku cihaneut di dada jeung sirah, mandi ku cai haneut, nginum obat.[6]

Rujukan