Ratu Inhyeon ti Joseon

Ratu Inhyéon (Hangul: 인현왕후, Hanja: 仁顯王后) (16671701) nyaéta ratu kadua Raja Sukjong jeung salah sahiji ratu anu dipikawanoh ti Dinasti Joseon.[1]

Ratu Inhyeon
Ratu Joseon

Ratu Joseon
Maréntah1681-1688 (7 taun)
Dipiheulaan kuRatu Ingyeong
Dituluykeun kuJang Ok-jeong
Maréntah1694-1701 (7 taun)
Dipiheulaan kuJang Ok-jeong
Dituluykeun kuRatu Inwon
PasanganRaja Sukjong ti Joseon
RamaMin Yoo-jung
IbuNyonya Soong
Gumelar1667
Yeongju, Propinsi Gyeonggi, Joseon
Maot1701
Istana Changdeok, Koréa
MakamMyeongreung, Provinsi Gyeonggi
Ratu Inhyeon ti Joseon
Hangul인현왕후
Hanja仁顯王后
Alih Aksara anu DisampurnakeunInhyeon Wanghu
McCune-ReischauerInhyŏn Wanghu

Biografi

Manéhna berasal ti Wangsa Min Yéoheung, putri kadua Min Yu-jung (Hangul: 민유중, Hanja: 閔維重)[2] (16301687) jeung pamajikan kaduana, Nyonya Song ti klan Song Eunjin.[3]

Manéhna kawin jeung Raja Sukjong salaku ratu kaduana dina taun 1681, keur yuswana 14 taun.[1]

Dina taun 1688, Ratu Inhyéon digulingkeun lantaran nolak pengangkatan gelar putra mahkota ka anak Jang Hui-bin, tuluy pikeun Hui-bin diangkat jadi ratu Sukjong katilu.[1]

Taun 1694, Sukjong ngangkat deui Inhyéon jadi ratu, sarta nurunkeun status pikeun Ok-jéong jadi hui-bin deui.[1]

Dina taun 1701, ratu Inhyéon pupus lantaran diguna-guna ku Jang Hui-bin jeung lanceukna, pikeun Hui-jaé.[1] Lantaran kabukti bersalah, tuluy pikeun Hui-bin dititah nginum racun.[1]

salah sahiji dayang Ratu nulis buku anu disebut Inhyeon Wanghu Jeon (Hangul: 인현왕후전, Hanja: 仁顯王后傳, Kisah Ratu Inhyéon), anu aya kénéh nepi ka kiwari.[1] Ratu Inhyéon dimakamkeun di Myéongreung (명릉) di Provinsi Gyéonggi, sarta Sukjong dimakamkeun di deukeut makamna di aréa nu sarua.[1] Ratu Inhyéon teu boga anak.[1]

Gelar anumerta [1]

  • Hyogyéong Sukséong Jangsun Wonhwa Uiyéol Jéongmok Inhyéon Wanghu
  • 효경숙성장순원화의열정목인현왕후
  • 孝敬淑聖莊純元化懿烈貞穆仁顯王后

Kulawarga [4]

  • Bapa
    • Min Yu-jung (Hangul: (민유중), Hanja: 閔維重)
  • Indung
    • Nyonya Song ti Wangsa Song Eunjin (Hangul: 은진 송씨, Hanja: 恩津 宋氏), istri kadua Min Yu-jung
  • Sadérék
    • Min Jin-hu (Hangul: 민진후, Hanja: 閔鎭厚) (1659–1720), kakek moyang Maharani Myeongseong
    • Min Jin-won (Hangul: 민진원, Hanja: 閔鎭遠) (1664–1736)
    • Nyonya Min (Hangul: 민씨, Hanja: 閔氏), putri sulung Min Yu-jung
    • Nyonya Min (Hangul: 민씨, Hanja: 閔氏), putri katilu Min Yu-jung
  • Catatan

Ratu Inhyéon sacara teu langsung jadi moyangna Maharani Myeongseong liwat lanceuk lalakina, Min Jin-hu

Rujukan

Ratu Inhyeon ti Joseon
Gelar: Ratu Joseon
Pangawasa saméméhna:
Ratu Ingyeong
Pangawasa saenggeusna:
Ratu Inwon