Républik Sosialis Féderatif Soviét Transkaukasus

Républik Sosialis Féderatif Soviét Transkaukasus (Basa Rusia: Закавказская Советская Федеративная Социалистическая Республика – ЗСФСР, Zakavkazskaya Sovetskaya Federativnaya Sotsalisticheskaya Respublika – ZSFSR), kawanoh ogé salaku RSFS Transkaukasus, disingket RSFST, nyaéta hiji républik Uni Soviét, aya ti 1922 nepi ka 1936.[1] Wewengkonna ngawengku Géorgia, Arménia, jeung Azerbaijan, tradisionalna kawanoh salaku Républik Transkaukasus, kapisah ti Rusia ku Pagunungan Kaukasus.

Républik Sosialis Féderatif Soviét Transkaukasus
  • Basa Rusia: Закавказская Советская Федеративная Социалистическая Республика
  • Basa Géorgia: ამიერკავკასიის საბჭოთა ფედერაციული სოციალისტური რესპუბლიკა
  • Basa Azerbaijan:   Загафгазија Совет Федератив Сосиалист Республикасы  
  • Basa Arménia: Անդրկովկասի Սովետական Սոցիալիստական Ֆեդերատիվ Հանրապետություն

 

 

1922–1936
 

 

BandéraLambang
Location of RSFS Transkaukasus
Ibu kotaTbilisi
BasaBasa Géorgia, Azerbaijan, Arménia, jeung Rusia
PamaréntahanNagara komunis, Républik Sosialis Soviét
Sajarah
 - Ngadeg1922
 - Bubar1936
Peta wewengkon Transkaukasus nalika jaman Soviét

Sajarah

Sajarah républik ieu bisa dipaluruh balik ka pameupeusan Kakaisaran Rusia dina 1917, nalika Révolusi Oktober, basa propinsi-propinsi Kaukasus misah sarta ngawangun nagara féderalna sorangan, Féderasi Transkaukasus. Silih sihung dina kapentingan nasional sarta perang jeung Turki ngarah ka peupeusna républik ieu saparo taun sanggeusna, dina April 1918.[1]

3 nagara panerusna aya nepi ka ahir perang sadulur Rusia di pagunungan, basa nagara-nagara éta dijieun Républik Soviét ku Tentara Beureum, sarta disusun deui dina hiji républik, Maret 1922.[1] Républik éta digabung ka nagara Soviét dina Déséember taun éta ogé. Dina 1936, républik ieu dipeupeus jeung dibagi kana RSS Géorgia, Arménia, sareng Azerbaijan.[1]

Ngaran républik dina basa-basa nagara konstituén

  • Basa Arménia: Անդրկովկասի Սովետական Սոցիալիստական Ֆեդերատիվ Հանրապետություն
Andrkovkasyan Sovetakan Soc‘ialistakan Federativ Hanrapetowt‘yown
  • Basa Azerbaijan:   Загафгазија Совет Федератив Сосиалист Республикасы  
Zaqafqaziya Sovet Federativ Sosialist Respublikası
  • Basa Géorgia: ამიერკავკასიის საბჭოთა ფედერაციული სოციალისტური რესპუბლიკა
Amierk'avk'asiis Sabch'ota Pederatsiuli Sotsialist'uri Resp'ublik'a

Tingali ogé

  • Républik Démokratik Féderatif Transkaukasus
  • Kaukasus Kalér
  • Républik Wétan Jauh
  • RS Bavaria
  • Kuban
  • Kars
  • Komancza

Rujukan