Pulo Sebuku (Sumatra)
Pulo Sebuku (disebut ogé Seboekoe[1] atawa Sebuku Besar) nyaéta salah sahiji pulo nu perenahna di Selat Sunda jeung kaasup kana Kacamatan Rajabasa, Kabupatén Lampung Kidul, Propinsi Lampung.[2] Ieu pulo legana 17,71 kilométer pasagi jeung luhurna nepi ka 361,8 méter.[3][1] Ieu pulo jadi tempat panalungtikan ngeunaan suksési di Kapuloan Krakatau nu ancur ku érupsi dina taun 1883. Pulo ieu biasana didatangan turis pikeun ningali pamandangan jero lautna ku cara snorkeling.[4]
![]() Lokasi Pulo Sebuku di Selat Sunda | |
Géografi | |
---|---|
Koordinat | 5°52′26″S 105°31′5″E / 5.87389°S 105.51806°E |
Awak cai nu deukeutan | Selat Sunda, Teluk Lampung |
Lega | 17,71 km² (683,8 mil²) |
Élévasi pangluhurna | 361,8 m (1.187 ft) |
Administrasi | |
Propinsi | Lampung |
Kabupatén | Lampung Kidul |
Kacamatan | Rajabasa |
Informasi tambahan | |
Zona wanci |
|
Géografi
Pulo Sebuku perenahna di Selat Sunda jeung Teluk Lampung, tepatna 2,3 kilométer ka kalér ti Pulo Sebesi, 2,3 kilométer ka kidul ti pulo Sumatra, jeung 30 kilométer ti Kapuloan Krakatau.[5][6] Pulo nu luhurna nepi ka 361,8 méter ieu sacara administratif kaasup kana Kacamatan Rajabasa, Kabupatén Lampung Kidul, Propinsi Lampung.[2] Di wétan ieu pulo aya Pulo Sebuku Kecil nu jarakna sakitar 800 méter jeung boga punclut pangluhurna 142 méter.[1] Ti 132 pulo nu aya di Lampung, pulo nu legana 17,71 kilométer pasagi ieu mangrupa salah sahiji pulo nu boga pangeusi.[3][7]
Pulau Sebuku boga peran dina ngalindungan garis basisir di suku Gunung Rajabasa ti abrasi ku gelombang laut nepi ka tsunami ti érupsi Gunung Krakatau.[8]
Sajarah
Dina érupsi Gunung Krakatau taun 1883, kasaluruhan pangeusi di Pulo Sebuku nu jumlahna 150 jelema tilar dunya. Ieu pulo katimbun sababaraha méter ku lumpur ti letusan.[6]
Ekologi
Leuweung nu asli di Pulo Sebuku tos teu aya lantaran kasapu ku tsunami jeung nuée ardente dina taun 1883 nu dihasilkeun érupsi Gunung Krakatau.[9] Leuweung ieu kiwari tos kaganti ku pepelakan budidaya.[10] Ieu pulo ogé kaasup kana zona perikanan budidaya, nyaéta zona pikeun pangembangan komoditas budi daya laut saperti rumput laut jeung lauk.[2]
Pulo Sebuku, di sisi Pulo Sebesi, jadi tempat panalungtikan ngeunaan suksési di Kapuloan Krakatau nu ancur teu nyisakeun nanaon saatos érupsi dina taun 1883. Ieu panalungtikan dilakukeun lantaran aya dugaan satoan jeung tutuwuhan nu ayeuna aya di Kapuloan Krakatau, saperti kukupu jeung anggrék, asup ti Pulo Sumatra ngaliwatan Pulo Sebuku sabagai "batu loncatan"-na. Loba tutuwuhan ogé asup ti Pulo Sebuku ku cara manuk jeung kalong nu ngaragragkeun biji di éta pulo.[11] Tapi, hasil panalungtikan ieu nunjukkeun yén spésiés satoan jeung tutuwuhan ieu leuwih mungkin asup ti Pulo Jawa tibatan ti Pulo Sebuku.[5][12]
Pulo Sebuku jadi habitat tetep ti manuk japati Macropygia emiliana.[13]
Pariwisata
Pulo Sebuku bisa didatangan ku cara numpak parahu nelayan salila 1,5 jam ti Darmaga Canti, Kalianda. Pulo ieu biasana didatangan turis pikeun ningali pamandangan jero lautna ku cara snorkeling.[4][14]
Pamaréntah Propinsi Lampung boga rencana ngembangkeun pariwisata basisir Pulo Sebuku jeung infrastruktur jalur cai sarta aktivitas perikanan.[15][16] Tapi, saperti pulo-pulo nu aya di sakitarna, objék wisata di ieu pulo masih teu acan boga izin pangelolaan ti pamaréntah.[7]