Panglai
Panglai | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | Angiosperms |
(unranked): | Monocots |
(unranked): | Commelinids |
Ordo: | |
Kulawarga: | Zingiberaceae |
Génus: | Zingiber |
Spésiés: | Z. cassumunar |
Ngaran binomial | |
Zingiber cassumunar Roxb. |
Panglai nyaéta ngaran tutuwuhan anu asalna ti India.[1] Panglai tumuwuh minangka rungkun, jangkungna bisa nepi ka 1,5 méter.[1] Watangna mangrupa watang semu anu diwangun tina palapah daun anu teu miboga pakang.[1] Wangun daunna lansét, manjang, sarta tungtungna seukeut.[1] Daunna leuleus, ipis, tur teu buluan.[1] [2]Panglai mibanda ngaran daérah nu béda-béda: mungle (Aceh), bungle (Batak), kunyit bolai (Melayu), bengle (Jawa), pandhiyang (Madura), bangalai (Dayak), banggele (Bali), bale (Makasar), panini (Bugis), unin makei (Ambon).[3]
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/6/6d/Arya_-_zingiber_cassumunar_-_bonglai_Ketapang_2019_2.jpg/220px-Arya_-_zingiber_cassumunar_-_bonglai_Ketapang_2019_2.jpg)
Ciri mandiri
- Beuti panglai wangunna buleud pendék, aya buku-bukuan, dina unggal buku aya sirungan.[1]
- Kulit luar warnana coklat ngora, upama dibeulah jerona warna konéng emas.[1]
- Kembang panglai mangrupa kembang majemuk, wangunna turuy, kaluarna dina tungtung watang, panjang gagangna nepi ka 20 senti.[1] Bagian anu ngandung kembang wangunna buleud siga endog, panjangna 6 nepi ka 10 sénti, lebarna 4 nepi ka 5 sénti.[1] Panglai tumuwuh di wewengkon Asia tropika, ti India nepi ka Indonésia.[4] Di Jawa Panglai dibudidayakeun atawa dipelak di pakarangan dina tempat-tempat anu kasorot ku panonpoé, ti dataran handap nepi ka 1.300 m dpl.[4] Panglai teu bisa dipelak dina taneuh anu kakeueum atawa bécék, tumuwuhna baris kaganggu sarta beutina gancang buruk.[4] Beuti panglai bauna has aromatik, rasana rada pait sarta rada lada, tur ngandung minyak asiri, damar, pati jeung tanin.[4][3]
Kandungan Kimia
Panglai mibanda sababaraha sanyawa kimia : minyak astiri (sineol, pinen), damar, pati jeung tanin.[3]
Kagunaan jeung mangpaat
Panglai mangpaat pikeun nurunkeun panas, ngarah gampang hitut, ngéncérkeun reuhak, méré sihan getih, reumatik, panyakit konéng, jeung ubar pikeun cacingan.[4][3]