Organ (anatomi)

Organ dina biologi (basa Latinna organum, "parabot, alat") hartina sakumpulan jaringan nu ngajalankeun hiji fungsi atawa sakumpulan fungsi husus. Organ sato anu ilahar di antarana jantung, bayah, uteuk, panon, burih, limpa, pankréas, ginjal, ati, peujit, kulit, rahim, kantong urin, tulang, jsb. Sakumpulan organ nu patali disebut sistim organ.

Organél mangrupa analog struktur sub-sélulér pikeun organ.

Organ vital

Organ vital hartina organ jero awak manusa nu dipikabutuh pikeun hirup. Jalma nu teu sakabéh organ vitalna jalan, sacara téoritis bakal ganjang maot. Organ-organ vital utama di antarana

  • uteuk, nu ngatur bioritme kayaning réspirasi, kompa jantung, produksi hormon, émbaran sénsori, jeung gerak otot
  • jantung, nu miara aliran getih nu ngandung oksigén ka sakujur awak
  • bayah, nu nyedot udara sarta ngeusian getih ku oksigén
  • ati, nu miceunan runtah sélulér tina getih

Organ lianna nu patali jeung pencernaan sarta pamiceunan ogé vital sangkan hirup bisa manjang. Najan kitu, teu saeutik jalma nu bisa tetep hirup tanpa organ kayaning ginjal, limpa, atawa peujit.

Sistim organ

Sistim organ – hiji sistim nu diwangun ku organ-organ nu digawé babarengan ngajalankeun hiji fungsi.

  • Sistim sirkulasi
  • Sistim cerna
  • Sistim éndokrin
  • Sistim imun
  • Integumentary system
  • Sistim limfe
  • Sistim otot
  • Sistim saraf
  • Sistim baranahan
  • Sistim réspirasi
  • Sistim rangka
  • Sistim urin

Sumber rujukan

  • Organ, Wikipédia édisi basa Inggris per 21 Désémber 2005