Nepenthes eymae

spésiés tutuwuhan

Nepenthes eymae (/nɪˈpɛnθz ˈm/) nyaéta salah sahiji spésiés kantong semar nu éndemik di Sulawesi.[4] Ieu spésiés mimiti kapanggih ku P.J. Eyma di pagunungan tengah Sulawesi dina taun 1938. Ieu spésiés kapanggih deui dina taun 1983 ku J.R. Turnbull jeung A.T. Middleton sarta Shigeo Kurata.[5] Ieu spésiés boga kaitan jeung N. maxima.[6]

Nepenthes eymae
Kantong luhur Nepenthes eymae
Status konservasi

Vulnerable  (IUCN 2.3)[1]
Klasifikasi ilmiah edit
Karajaan:Plantae
Klad:Angiospermae
Klad:Eudicotidae
Ordo:Caryophyllales
Kulawarga:Nepenthaceae
Génus:Nepenthes
Spésiés:
N. eymae
Ngaran binomial
Nepenthes eymae
Sh.Kurata (1984)[2]
Sinonim
  • Nepenthes eymai
    Sh.Kurata (1984)[2]
    [panyebutan asli]
  • Nepenthes infundibuliformis
    J.R.Turnbull & A.T.Middleton (1984)[3]

Ciri

Nepenthes eymae boga kaitan jeung kamiripan kalayan N. maxima. N. eymae bisa dibédakeun ti N. maxima nalika ka kantong luhur nu ngawangun corong jeung ukuranna leuwih leutik sarta tutup nu ngawangun tombak. Salian éta, kantong handap N. eymae ngawangun buleud endog. Ieu spésiés mirip ogé jeung N. fusca lamun ningali kantong luhurna. Sanajan kitu, kadua spésiés ieu teu simpatri jeung teu boga kaitan anu deukeut.[5][6]

Béda jeung spésiés Nepenthes lian nu boga lapisan lilin dina kantongna pikeun gegeremet tiseureuleu, Nepenthes eymae ngaluarkeun cairan nu léngkét sangkan gegeremet kaparangkap di jero kantong.[7] Mékanisme ieu didukung ku wangun kantong luhur nu lébar mirip jeung corong.[8] Gegeremet nu asup ka kantong spésiés ieu biasana nyaéta laleur leutik.[9]

Galeri

Rujukan

Tutumbu luar