Nabi
Nabi nyaéta salasahiji manusa anu diutus ku Gusti Alloh ka tengah-tengah umat manusa, améh manusa nyembah ka Gusti Alloh. Hirup lempeng, jeung teu durhaka ka Gusti Alloh. Nabi jeung Rasul nyaéta manusa nu dipilih ku Gusti Alloh, meunang pancén masihan pituduh ka umat manusa ngeunaan ka-Esa-an Alloh, tur gaping aranjeunna améh ngalaksanakeun ajaran-Na (Sholat, Puasa, jeung nu lainna).
Bédaan Nabi Jeung Rasul
Nabi nyaéta anu narimaan wahyu ti Gusti Alloh, kanggo anjeunna nyalira, henteu keuna ku kawajiban epokeu ka jalmi anu lian. Sedengkeun Rasul nyaéta saurang Nabi anu diutus kanggo nganyampaikeun wahyu ti Gusti Alloh ka umatna.
Sifat-sifat Nabi
- Shiddiq (Leres, bener), mustahil anjeunna Kizib (dusta).
- Amanah (Meunang dipercaya), mustahil Khianat (curang).
- Tabligh (Nganyampaikeun wahyu ka umatna), mustahil Kitman (Nyumputkeun wahyu).
- Fathonah (Pinter), mustahil Jahlun (Bodo).
Ieu aya 25 Nabi Jeung Rasul, nu wajib ku urang weruhan, tur diimanan
- Nabi Adam
- Nabi Idris
- Nabi Nuh
- Nabi Hud
- Nabi Shaleh
- Nabi Ibrahim
- Nabi Luth
- Nabi Ismail
- Nabi Ishaq
- Nabi Ya'qub
- Nabi Yusuf
- Nabi Ayyub
- Nabi Dzulkifli
- Nabi Syuaib
- Nabi Musa
- Nabi Harun
- Nabi Daud
- Nabi Sulaiman
- Nabi Ilyas
- Nabi Ilyasa
- Nabi Yunus
- Nabi Zakaria
- Nabi Yahya
- Nabi Isa
- Nabi Muhammad ﷺ.
🔥 Top keywords: TepasWikipédiaKategori:Nu babar taun 1956Perang Dunya IIj8qluWikipedia:PitulungWikipedia:NgeunaanWikipedia:Bantahan umumGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgKihkirJukutWikipédia:Taros kamiPortal:Keur lumangsungHusus:SungsiAgum GumelarPortal:PanglawunganWartaPortal:EusiHusus:AnyarRobahSahadat buhunObrolan:TepasBandung TVWikipedia:SawalaHidrologi433SMKS Al HasyimiyahPurwakantiWikipedia:PangwanohGambar:Cepot Wayang.jpgKecap (basa Sunda)637 SMCOVID-19800Citakan:Cite bookBasa SundaWaktu1200SirahFoto