Métaloprotéin
- Kaca
- Sawala
Parabot
Umum
Di proyék lianna
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
Métaloprotéin nyaéta istilah generik pikeun protéin anu ngandung kofaktor ion logam[1], nu gunana dina sél rupa-rupa, kayaning énzim, protéin angkutan (transport) jeung simpenan (storage), sarta protéin transduksi sinyal. Malah, saparapat nepi ka sapertilu ti sakabéh protéin butuh logam pikeun ngajalankeun fungsina[2]. Ion logam ilaharna dibeungkeut ku atom nitrogén, oksigén, atawa walirang nu aya dina asam amino nu ngawangun ranté polipéptida jeung/atawa ligan makrosiklik nu aya dina protéin. Ku ayana ion logam, métaloénzim bisa ngajalankeun fungsina salaku—misalna -- réaksi rédoks nu teu bisa lumangsung ukur ku ayana gugus-gugus fungsi nu aya dina asam amino[3].
Ion | Conto énzim nu ngandung ieu ion |
---|---|
Magnésium | Glukosa 6-fosfatase Héksokinase DNA polimérase |
Vanadium | vanabin |
Mangan | arginase |
Beusi | Katalase Hidrogénase IRE-BP Akonitase |
Nikel[4] | Uréase Hidrogénase |
Tambaga | Sitokrom oksidase Plastosianin Lakase |
Séng | Alkohol dehidrogénase karboksipéptidase Aminopéptidase |
Molibdénum | Nitrat réduktase |
Sélénium | Glutation peroksidase |
Rupa-rupa | Métalotionéin Fosfatase |
![]() | Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Metalloproteins. |
![]() | Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |