Kubung


Tando
Tando di Langkawi, Malaysia
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Infrakelas:
Eutheria
Superordo:
Euarchontoglires
Ordo:
Dermoptera

Illiger, 1811
Kulawarga:
Cynocephalidae

Simpson, 1945
Umum & Spésiés

Cynocephalus

  • Cynocephalus volans

Galeopterus

  • Galeopterus variegatus

Dermotherium

  • Dermotherium major
  • Dermotherium chimaera

Tando téh mamalia 'hiber' arboréal pituin Asia Tenggara, kulawarga Cynocephalidae, ordo Dermoptera nu ngan dieusi ku dua spésiés dina genusna séwang-séwangan. Ieu sato téh minangka mamalia nu pangbisana ngalayang (lain hiber dina harti anu sabenerna) ngagunakeun 'jangjang' anu manteng nyambung ti suku hareup ka suku tukang.

Keur ukuran mamalia nu sok tétérékélan dina tangkal, tando téh kaasup badag: panjang kira 35–40 cm, beurat 1–2 kg, sapantar jeung bajing raksasa atawa kuskus. Tando awakna panjang begang, buntutna sedeng, huluna leutik, panonna bolotot nyanghareup antukna panempona alus, ceulina bunder leutik. Pas kakara borojol, anak tando téh beuratna ukur 35 gr; nincak sawawa dina umur 2–3 taun.[1] [rujukan?]

Ciri tando anu utama taya lian ti mémbran kulit (patagium) nu nyambung ti suku hareup kana beuteung jeung suku tukang. Kaunggulan ieu mémbran dibanding nu sarupa di sato séjén (misalna waé bajing hiber), nyaéta patagium tando mah manteng ti tungtung ramo (anu pang sisina) suku hareup nepi ka tungtung ramo suku tukang, mirip jeung jangjang lalay. Jauhna hiber bisa nepi ka 70 méter tanpa nyirorot.

Najan jago ngalayang, tando teu bisa lincah mun ngarayap, kabantu sotéh ku jalan ngaclog jeung ngarawélan dahan tatangkalan. Bisa diuk nyéngclé, tapi bisa ogé nangkod ngagantung dina dahan kai. Galib jeung baturna sato-sato nu liar peuting, tando téh sato éraan, ku kituna nyingkahan pagilinggisik jeung kahirupan manusa, antukna jarang kawénéhan. Kadaharanana lolobana dangdaunan, kembang, jsb., kaasup bungbuahan.

Klasifikasi

  • ORDO DERMOPTERA
    • Kulawarga Cynocephalidae
      • Cynocephalus
        • Tando Pilipina, Cynocephalus volans
      • Galeopterus
        • Tando Sunda, Galeopterus variegatus
      • Dermotherium (musnah)
        • Dermotherium major (musnah)
        • Dermotherium chimaera (musnah)

Di masing-masing habitatna, spésiés tando téh kaancam musnah alatan karuksakan habitat, nu di Pilipina ku IUCN digolongkeun vulnerable. Lian ti alatan karuksakan habitat, sacara alami tando ogé mémang mangsa heulang Pilipina, katambah ku sok diboro ku manusa pikeun diala dagingna.

Najan kaasup mamalia plaséntal, paripolah kawinna mah ampir sarua jeung marsupial. Sanggeus dikandung 60 poé, anakna borojol dina kaayaan anu can mekar jeung leutik kénéh pisan, sarta salila genep bulan terus ngagantél dina beuteung indungna. Umurna nincak sawawa sanggeus 2-3 taun.

Gambar tando keur jalangan.

Sinonim

Ngaran Colugidae, Galéopithecidae, jeung Galéopteridae téh sarua jeung Cynocephalidae, sedengkeun Colugo, Dermopterus, Galéolemur, Galéopithecus, Galéopus, jeung Pleuropterus sarua jeung Cynocephalus.

Rujukan

  • Citakan:MSW3 Stafford

Tumbu kaluar

Mamalia
Monotremata

Placentalia:Xenarthra | Dermoptera | Desmostylia | Scandentia | Primates | Rodentia | Lagomorpha | Insectivora | Chiroptera | Pholidota | Carnivora | Perissodactyla | Artiodactyla | Cetacea | Afrosoricida | Macroscelidea | Tubulidentata | Hyracoidea | Proboscidea | Sirenia

Marsupialia: Didelphimorphia | Paucituberculata | Microbiotheria | Dasyuromorphia | Peramelemorphia | Notoryctemorphia | Diprotodontia