Karéta api Ciremai

Ciremai
Karéta api Ciremai keur ngaliwatan JPL 1 Cikampék
Informasi
SistemKaréta api ékspres
Kelaséksekutip-bisnis
StatusBeroperasi
LokalDaop 4 Semarang
Stasion terminusStasion Bandung
Stasion Semarang Tawang
Operasi
Dipiboga kuPT KAI
OperatorDaérah Operasi IV Semarang
Karakterngaliwatan jalur pantura
LokomotipCC206
Data téhnis
Lébar sepur1.067 mm
Gancangna operasional70-100 km/jam
Titik pangluhurna+709 (Bandung)

Karéta api Ciremai nyaéta karéta api anu ngahubungkeun Bandung, Cirebon jeung Semarang Tawang.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 4 Semarang.[1]

Sajarah

Taun 2008, PT Kereta Api (ngaran baheula PT KAI) geus nyiapkeun rangkéan karéta nu ngaranna Papandayan Ekspres rute Bandung - Cirebon.[1] Tapi karéta éta ditentang ku moda transportasi séjén nu ngahubungkeun Bandung jeung Cirebon.[1] Taun 2013, diresmikeun Ciremai Ekspres pikeun ngurangan beban jalan anu macét.[1]

Ti tanggal 3 Oktobér 2016, KA Ciremai diperpanjang ruteuna nepi ka Semarang. Ku lantaran lobana panumpang anu rék indit-inditan ka Semarang. Sanggéus diperpanjang rutena nepi ka Semarang, karéta ieu mawa rangkéan karéta éksekutip sarta bisnis keur depo SMC ku lantaran dicokot alih operasionalna ku Daérah Operasi IV Semarang.

Stasion nu dilayanan

Spésifikasi karéta

  • Lokomotip CC206
  • 5 karéta éksekutip (K1)
  • 3 karéta bisnis (K2)
  • 1 karéta makan (M1)
  • 1 karéta bahasi (B)[2]

Jadwal

Karéta api Ciremai dijalankeun 2 kali sapoé, nyaéta isuk-isuk jeung soré.[2] Jadwal nu leuwih lengkepna tingali di Wikipédia Basa Indonésia.

Tingali ogé

Karéta Api

Rujukan

Tumbu kaluar

(id) Situs resmi PT KAI Archived 2016-12-07 di Wayback Machine