Kapibara

Kapibara
Status konservasi

Least Concern  (IUCN 3.1)[1]
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Subfilum:
Kelas:
Ordo:
Rodentia
Subordo:
Hystricomorpha
Kulawarga:
Caviidae
Subfamili:
Hydrochoerinae
Génus:
Hydrochoerus
Spésiés:
H. hydrochaeris
Ngaran binomial
Hydrochoerus hydrochaeris
Daérah tempat hirup kapibara

Kapibara (Hydrochoerus hydrochaeris) nyaéta hiji sato nu kaasup kana mamalia tina kumpulan beurit jeung marmot (rodensia) nu panggedéna.[2] Awakna pendék tur lintuh, beuratna bisa nepi ka 65 kg, panjang awakna kurang leuwih 1,3 méter sarta biasana hirup di cai.[3] Kahakanannana jukut jeung bungbuahan (herbivora).[3] Kecap kapibara sorangan asalna tina basa lokal Guarani (Kapiÿva) anu hartina raja jukut.[4] Hal ieu ku lantaran kapibara mah remen katempo hirup di daérah anu mibanda loba jukut pikeun kahakanannana.[4]

Tempat hirup jeung habitat

Kapibara mikaresep hirup di cai (susukan, situ, balong, jeung sajabana), ngadon ngojay, teuleum, nyiar hakaneun, ogé nyumput mangsa aya bahaya .[3] Kaasup sato nokturnal mimiti liar nyiar hakaneun mangsa poé maju ka burit nepikeun ka peuting.[3] Sanajan katempo cicingeun kapibara téh pinter ngojay tur teuleum lila ka jero cai malahan kapibara bisa ngahaja héés di cai dina waktu nyanghareupan pibahayaeun anu aya di luar atawa di darat.[3] Loba kapanggih hirup liar di Venezuela, Kolombia, jeung Ekuador.[5]

Ciri mandiri

  1. Sapopoé méakeun waktu ku ngeueum di jero cai, hanjat ka darat di mana geus soré atawa iuh.[3]
  2. Mibanda dua huntu (gigi seri) anu terus manjangan salila hirupna, pikeun ngasah huntuna sangkan seukeut kapibara ngagorogotan naon baé anu aya.[3]
  3. Kulitna heuras, buluna kulimis alatan mibanda lapisan minyak.[3]
  4. Mangsa ngobrol (komunikasi) jeung pada baturna disada kawas ngahuit sakapeung kadéngé kawas ngagogog.[3]
  5. Awakna ngaluarkeun bau pikeun méré tanda daérah kakawasaana[3]

Tutumbu kaluar

Dicutat tina



Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap