Julung-julung

Julung-Julung
Julung-Julung
Status konservasi
Least Concern
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Actinopterygii
Ordo:
Beloniformes

S.Berg 1937
Kulawarga:
BelonidaeHemiramphedae
Zenarchopteridae
Belonidae (needlefish)

Julung-julung (Jungjulung) dina bahasa sunda (ogé Indonésia) ngacu kana tilu jenis lauk ti tilu kulawarga nyaéta Belonidae, Hemiramphidae jeung Zenarchopteridae,[1] nu mangrupa pengeusi ordo Beloniformes. Contona sakumaha dituliskeun dina buku “Ikan Air Tawar di Ekosistem Bukit Tiga Puluh” meunang Tedjo Sukmono jeung Mira Margaretha ogé bisa disaliksik dina situs fishbase, Xenentodon sp ti Belonidae, Zenarchopterus dispar ti Zenarchopteridae sarta Hemirhamphodon tengah ti Hemiramphidae.[2][3] Cirina meh sarua, sungutna monyong semu seukeut. ngan ari Belonidae mah biwir luhur handap nu panjangna téh, nu pinuh ku huntu nu ranggéténg (dina bahasa Inggris disebut needlefish hartina lauk jarum), ari Zenarchopteridae jeung Hemiramphidae mah biwir handapna wungkul (dina bahasa Inggris disebut halfbeak, pamacok sapotong). Dina bahasa Indonésia, julung-julung disebut ogé ikan roa atawa ikan gepe.[4] Sedeng dina bahasa daérah séjén disebut: Kacangan, Loncong, Saku, Todak, Sindik, Sunduk, Sundoprono, Tracas, Kacang-Kacang.[5]

Hemiremphidae (halfbeak)

Ciri-ciri  umum julung-julung séjénna, awakna paranjang langsing. Caréham luhur ngawangun segitiga. Sirip dada pondok atawa rada panjang, sirip tonggong jeung sirip handap posisina di tukang. Siripna teu cucukan,Sirip pelvic posisina dina beuteung. Garis lateral ti mimiti sirip péktoral semet ka tungtung awak.Sisitna baruleud jeung gampang lesot, Belonidae sisitna laleutik, sedeng Hemiramphidae jeung Zenarchopteridae relatif baradag. Julung-julung laut biasana tonggongna semu haréjo atawa bariru sedeng handapna barodas atawa kapérak-pérakan. Tungtung caréham/biwir handap lolobana  warna beureum atawa oranye.[6][7] Ari julung-julung cai darat mah warnana rupa-rupa teu kawengku ku hiji atawa dua warna.[2][8] Panjang julung-julung mangrupa-rupa. Nu laleutik ti kulawarga Zenarchopteridae, pangleutikna bisa ngan tilu séntian, nu garedé ti Belonidae, bisa leuwih ti saméter.[9]

Dua genus anggota Hemiramphidhae, nyaéta Chriodorus jeung Oxyporhamphus, bisa waé teu disebut julung-julung lantaran mahiwal, biwirna parengek.[9] Oxyporhamphus spp. bisa disebut lauk layang, alatan wandana meh sarua, siripna leuwih panjang batan umumna julung-julung, sarta bisa ngalayang saluhureun beungeut cai.[10] Sawatara lauk sauri ti Scomberesocidae bisa waé disebut julung-julung, tapi alatan teu hirup di Indonésia, can kapanggih rujukan nu nyebutkeunna.

Cara Hirup jeung Ambahan

Julung-julung bisa kapanggih boh di cai darat, cai laut ogé di cai anta.[11][12] Tempat hirupna dina témpératur hawa tropis jeung haneut, bioma pelagik jeung tengah sagara dina lapis epipilagik[13] (sahandapeun beungeut cai pisan).Julung-julung laut resep hirup sacara gorombolan.[14] Cara baranghakanna, Hemiramphidae kaasup omnivora, ngahakanan alga, zooplankton jeung lauk-lauk leutik,[6] Belonidae karnivora, réréana ngahakanan lauk-lauk laleutik, disabet ti sisi ku pamatukna tuluy dipuihkeun, dihakan hulu ti heula,[15] sedeng Zenarchopteridae ngahakanan végétasi cai, tapi ogé sok ngahakan geugeumeutan nu aya na beungeut cai atawa larva-larvana, endog lauk atawa lauk séjénna.[16]

Julung-julung baranahan ku cara endogan (ovipar), Julung-julung ngaluarkeun endog dina jumlah nu rea katut dibarengan ku filamen pangrapet. tilu genus tina lima genus kulawarga Zenarchopteridae (Hemirhamphodon, Dermogenys, jeung Nomorhamphus) baranahan ku cara ngajuru (vivivpar), kajaba spesies Hemirhamphodon tengah. Lauk jaluna ngamodif sirip analna jadi andropodium.[6][17] (samodel saluran pikeun nyalurkeun sperma mangsa kawin).

Sawatara julung-julung ti Belonidae sarta Euleptorhamphus viridis bisa ngalayang saluhureun cai cara ‘dulur sabrayna’, ikan terbang ti kulawarga Exocoetidae.[7][15] Belonidae kadang sok nyerang manusa nu na parahu atawa nu keur nyelam, jalma nu katarajang bisa semet ka tatu parna, utamana ti peuting nalika si lauk kataji ku cahaya lampu.[5][7] Belonidae (needlefish) bisa ngajaul saluhuren cai nepi ka 2 méterna, pikeun ngarah mangsa di jero cai. Julung-julung marga halfbeaks ogé sarua bisa luncat, ngan ari belonidae mah pikeun nyiar mangsa, ari halfbeaks mah pikeun nyingkahan pamangsa.[18]

Julung-julung resepna hirup dina cacaian tropis jeung sub tropis nu haneut, Sumebar nerekab di dunia dina dua iklim eta. Sawatara leutik aya nu hirup di daerah Skandinavia jeung laut kaler. Zenarchopteridae harirupna leuwih endemik di kawasan Indo Pasifik Kulon. Genus Nomorhamphus sawates di kapuloan Sulawesi jeung Pilipina, Demorgensys jeung Hemiramphodon sumebar éklusif di kuloneun Garis Wallace (Indo-Burma, Paparan Sunda jeung Philipina), Tondanichthys pituin Sulawési. Ngan Zenarchopterus nu rada nerekab teh, ti mimiti basisir wétan Afrika, kapuloan Mikronesia jeung Polinesia, Paparan Sunda tug nepi ka Ustrali.[8][19][20]

Pamangfaatan

Sababaraha jenis julung-julung sok dikonsumsi, sababaraha jenis deui nu katempo endah sok dijadikeun lauk hias. Aya ogé nu dijieun minangka eupan keur nangkep lauk nu leuwih gedé, saperti lumba-lumba, lauk pedang atawa makarél. Julung-julung ditangkep maké heurap insang / soma antoni, soma giob atawa make pancing.[6][7]

Hemiramphus sp.

Julung-julung nu biasa dikonsumsi nyaéta Hemiramphus sp., dikenal ogé kusebutan lauk roa.[21] Ti jenis Belonidae gé sabenerna mah ngeunah, tapi jalma-jalma teu pati narimakeun alatan réa cucuk sarta tulangna nu warna héjo.[7] Dijual minangka lauk seger, lauk asin atawa lauk meunang ngahaseupan.[14] Kiwari geus di jual dina wanda sambel toplés jeung olahan pais sagala.[22] Julung-julung ngandung nutrisi-nutirisi penting saperti zat beusi, protein tinggi, flour, omega 3 jeung 5, vitamin B, D jeung E, sarta lemak teu jinuh.[4] Anapon mangfaat julung-julung minangka nutrisi pikeun kaséhatan nyaéta:

1.    Ngalancarkeun peujit.

2.    Ningkatkeun kamekaran otak budak.

3.    Nurunkeun kolesterol.

4.    Ngandung vitamin B Kompléks jeung D.

5.    Ningkatkeun kacerdasan.

6.    Nyegah masalah tulang.

7.    Nyegah huntu bolong.

8. Ngubaran aterosklerosis (panyempitan urat getih).[4]

9. Ngandung antioksidan jeung nyegah kanker.[23]

10. Tulang julung-julung ngandung kalsium tinggi,bisa diolah jadi campuran kurupuk.[24]

Hemirhamphodon pogonognathus
Dermogenys pusilla

Minangka lauk hias, julung-julung didominasi ku genus Dermogenys, Hemiramphodon, Zenarchopterus jeung Nomorhampus,[8]306 tapi aya ogé ti marga belonidae nu bisa dijieun lauk hias. Sawatara spesies julung-julung nu sok dijieun lauk hias di antarana: Hemirhamphodon phaisoma, H. pogonagnathus (wrestling halfbeak), H. tengah, Zenarchopterus buffonis, Z. dispar, Z. sp., Strongylura sp., Xenentodon sp, [2] Darmogenys orientalis, D. pusilla, H. kapuasensis, H. kuekenthali, H. cf. tengah, H. sumatrana, Namorhamphus celebensis, N. ebrardtii, N. liemi, N. sp. Nuha, N. ravnaki, N. rex, N. Towoetii[8]311 jeung Xenentodon cancilia.[25]

Dermogenys sumatrana bikang


Referensi