Jalak Bali

Jalak Bali
Jalak Bali di Kebun Binatang Brookfield
Status konservasi

Critically Endangered  (IUCN 3.1)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Aves
Ordo:
Passeriformes
Kulawarga:
Génus:
Leucopsar

Stresemann, 1912
Spésiés:
L. rothschildi
Ngaran binomial
Leucopsar rothschildi
Stresemann, 1912

Jalak Bali (Leucopsar rothschildi) nyaéta manuk nu asalna tina kulawarga sturnidae.[1][2] Buluna bodas, polét hideung dina tungtung jang-jang jeung buntutna, pipina jeung sabudeureun mata kelirna bulao, cekerna hawuk.[1]Jalak bali mimiti diguar kahirupanna ku urang Inggris taya lian Walter Rothschild dina taun 1912, malahan ngaran ilmiah jalak Bali dicokot tina ngaran inohong sasatoan saurang bangsawan Inggris.[2]

Ieu manuk Bali pituin atawa éndemik di Indonesia, malahan ngan kapanggih hirup di leuweung nu ayana di pulo Bali beulah kulon.[3] Ku kaayaan kieu, jalak Bali dileler jadi manuk perlambang prvinsi Bali dina taun 1991.[3] Kalumangsungan hirup manuk jalak Bali ditangtayungan ku undang-undang, pikeun nyingkahan sagala kamungkinan nu ngabalukarkeun tumpurna ieu spesies.[3] Buluna nu éndah kalawan mibanda sorana nu mandiri mangsa bacéo, ieu manuk geus jadi manuk piaraan ku nu mikaresep malahan mibanda niléy ekonomi nu lumayan luhur.[4]Alatan tempat hirup jeung kalumangsungan beuki dieu beuki saeutik, unggal kebon binatang di sakuliah dunya ngayakeun hiji program penangkaran ieu manuk Jalak Bali.[4]

Tutumbu kaluar

BirdLife Species Factsheet

Dicutat tina