Iyéth Bustami

Sri Barat leuwih dipikawanohna mah Iyéth Bustami (gumelar di Riau, 24 Agustus 1973; umur 50 taun) nyaéta saurang panyanyi dangdut Indonésia anu mimiti ténarna liwat lagu Laksamana Raja di Laut dina taun 2003.[1] Iyéth ditikah ku Éka Sapta Nugraha dina tanggal 6 April 2004, dipaparin anak nu tuluy dingaranan Zaviena Bintang Nugraha dina tanggal 23 Pébruari 2009.[1][2] Nepi ka kiwari geus dipaparin tilu urang putra.[1] Iyéth kungsi jadi Panyanyi Awéwé Panghadéna Vérsi Anugerah Dangdut TPI 2003.[1] Iyéth geus lila icikibung dina dunya musik mah, di Riau Iyéth tas kasohor ku sora has céngkok malayuna. Dina taun 1993, Iyéth pindah ka Jakarta, tuluy ngamimitian di dunya musik ku mimiti medalkeun album Pop Melayu '40-'60 liwat label JK Record.[1][3] Taun harita ogé, Eddy Lestahulu ku bantuan aranseménna Alik Ababiel, Iyeth medalkeun album nu ngaranna Rumah Cinta anu diproduksi ku label Maheswara Musik.[1][3] Iyéth jadi calon anggota législatif pikeun Déwan Perwakilan Rahayat pusat ti Partéy Kabangkitan Bangsa daérah pamilihan Riau I: Kota Pekanbaru, Kota Dumai, Kabupatén Bengkalis, Kabupatén Kapuloan Meranti, jeung Kabupatén Rokan Hilir.[1][3][4]

Diskografi

Rujukan