Habitat

Habitat mangrupa hiji kawasan nu diwangun tina komponén fisik atawa abiotik nu mangrupa hiji kasatuan nu dipaké minangka tempat hirup sarta ngalikeun mahluk hirup.[1] Habitat atawa bioma mangrupa jenis lingkungan di mana tutuwuhan jeung sasatoan hirup.[2] Habitat ditangtukeun ku jenis tutuwuhan naon nu hirup di dinya, iklim atawa géografina.[2] Leuweung hujan, terumbu karang jeung tundra mangrupa sagala habitat di mana jenis tutuwuhan atawa sato nu tangtu bisa kapanggihan.[2]

Salah sahiji conto Habitat Cai Tawar

Babagian Habitat

Habitat kabagi jadi tilu jenis, di antarana:

  1. Habitat darat (terrestrial habitats). Organisme nu aya dina habitat ieu sapinuhna hirup di darat.[rujukan?] Conto mahluk nu aya dina habitat ieu nyaéta sireum, laleur, bangsa artrophoda, jeung tutuwuhan darat.[3]
  2. Habitat cai tawar (freshwater habitats)
  3. Habitat laut (marine habitats)

Referensi