Gedogan

Gedogan; istal, nyaéta hiji wangunan anu dijieun pikeun ngandangan kuda sangkan teu kabur. [1] Gedogan basajan dijieun tina tangkal awi atawa kai kalayan maké hateup saperluna, tapi ari gedogan anu alus mah dijieun tina tembok jeung hateup anu weweg kawas gedong. [2]Gedogan dijieun kudu kuat utamana mangsa disépak kuda mangsa keur birahi atawa ngarasa kaganggu, lamun kuda leuwih ti hiji hadéna gedogan dijieun sakamar séwang sangkan lalu asa. [3]

Gedogan

Kabersihan jeung kaséhatan

Sangkan kuda betah jeung séhat, gedogan perlu diberesihan unggal poéna utamana mangsa kuda keur aya di pangumbaran. [3]Lantéy gedogan kudu dijieunna tina bahan anu teuas, kayaning batu, bata, atawa semén sarta kudu déngdék saeutik sangkan gampil meresihan kotorana. [3] Sagigireun ti éta, lantéyna ogé kudu leuwih jangkung saeutik tibatan taneuh sabudeureun. [4]

Kaluar asup hawa di jero gedogan kudu jadi perhatian, ulah ngagemblang teuing matak tiriseun tapi cukup pikeun kasegeran kandang jeung kuda. [4]

Kamalir pamiceunan kokotor kudu rapih, hadéna dijieun maké sistim anu katutup sangkan kandang kenteu bau. [4]



Dicutat tina