Gary Lineker

Gary Winston Lineker OBE (weton 30 November 1960) manten pamaen bola profesional Inggris, ayeuna jadi penyiar acara olahraga. Jinisna nyepeng rekor gol Inggris di Piala Dunia FIFA ku 10 gol. Karir media Lineker dimimitian jeung BBC, di mana dirina mawakeun program menbal Match of the Day nepi ka akhir salapan puluhan. Dirina ogé kungsi gawe di Al Jazaara Sports, Eredivisie Live, NBC Sport Network jeung kiwari jadi host BT Sport’s ngaliput Liga Champions UEFA.

Gary Lineker

Lineker tahun 2011
BabarGary Winston Lineker
Leicester, Inggris
PagawéanPenyiar Siaran Olahraga, Manten Pamaen Bola
Gajih£1.5 juta (approx.) (Gajih BBC)
PasanganMichelle Cockayne (m. 1986; div. 2006)
Danielle Bux (m. 2009; div. 2016)
Anak4
KolotBarry Lineker
Margaret Abbs

Lineker ngamimitan karir menbalna di Leicester City tahun 1978, rengse tahun 1984-85 jadi top scorer bareng di Divisi Hiji. Dirina tuluy pindah ka pangilon Liga Champions Everton, di mana dirina numbuh jadi panyerang éféktifku nyetak 30 gol tina 41 kali maen. Kahormatan munggaranna kapibanda basa maen di Barcelona basa meunangkeun Piala Liga Spanyol tahun 1988 jeung Piala Winner Eropa di taun 1989. Mulang deui ka Inggris taun 89, gabung jeung Tottenham Hotspur. Salila tilu usum nyetak 67 gol tina 105 kali maen tur meunangkeun Piala FA. Klub pamungkas Lineker nyaéta Nagoya Grampus Eight, sarta tuluy pangsiun sanggeus dua usum di Jepang.

Lineker ngamimitan maen pikeun Inggris di taun 1984. Mibanda 80 caps nyetak 48 gol salila 8 taun karir internasionalna. mangrupa sekor katilu pangluhurna, sahandapeun Bobby Charlton jeung Wayne Rooney. Rasio gol banding jumlah maen Lineker masih panggungulna di nagarana. ku kituna Lineker kajojo jadi salah sahiji panyerang Inggris pinunjul sapanjang waktu. Lineker mangrupa top scorer di Piala Dunia 1986 tur meunangkeun Sapatu Emas, ngan hiji-hijina urang Inggris nu bisa kitu, semet ka Harry Kane di Piala Dunia 2018. Dirina ogé mangrupa hiji-hijna pamaen nu bisa jadi top scorer di Inggris ti tilu klub nu beda (Leicester City, Everton jeung Tottenham Hotspur).

Najan karirna panjang, Lineker can kungsi meunang kartu koneng atawa beureum.[1][2] WalhasilLineker diganjar panghargaan FIFA Fair Play Award di taun 1990. Dina karir seniorna salila 16 taun sarta 567 kali maen, Lineker geus nyitak total 330 gol, kaasup 282 gol di tingkat kleb. Sanggeus pangsiun tina maenbal dirina diasupkeun kana English Footbal Hall of Fame. Salaku bobotoh satia Leicester City, Lineker mimpin hiji konsorsiun nu neundeun investasi di klub heubeulna, nyalametkeun tina kabangkrutan sarta tuluy ditunjuk jadi wakil présidén kahormatan.

Kahirupan wanci ngora

Lineker lahir di Leicester, putra ti Margaret P jeung Barry Lineker.[3] Ngaran tengah Winston dicokot ti Winston Churchill nu tanggal lahirna sarua.[4] Boga adi ngaranna Wayne,[5] dua taun sahandapeun, Gede bareng kulaargana di kota, Lineker remen maenbal jeung adina. Bapana Lineker usaha toko bubuahan di Leicester, kitu ogé baheula akina William jeung uyutna Géorge.[5] Bapana ngajalankeun kios sayuran jeung buah-buahan di pasar Leicester. Keur budak basa jadi pamaen ngora kénéh Lineker remen ngabantuan di kios.[6]

Lineker mimiti asup ka Sakola Caldecote Road (SD Caldecote),[7] Braunstone di Leicester (wetanen Meridian Centre), sakitu netepna mah di luar dayeuh. Tuluy asup ka Sakola Boy's Grammar Kota Leicester (kiwari Kampus Kota Leicester) di Downing Drive Evington di puser dayeuh Leicester ku lantaran resep kénéh maenbal dibanding rugby, rugby harita mangrupa olahraga utama di sakola-sakola sabudeureun imahna.Walhasil, mangsa harita, dirina cicing di ninina nu netep di kota. Lineker boga bakat nu sarua antara maenbal jeung crikcet. Ti umur 11 nepi 16 ngaptenan tim Sakola Leicestershire, tur ngarasa bakal leuwih sukses dina crickett manan dina bola. Basa wanci ngorana Lineker maen di Aylestone Park Youth, nu pikahareunpeunna jadi présidén klub.[8]

Lineker ninggalkeun sakola ku opat program O Levels. Salah sahiji guruna nulis dian rapotna yén dirina "konsentrasi teuing kana menbal' jeung dirina kudu "tong hirup tina eta". Lineker tuluy gabung ka akademi muda di Leicester City di taun 1976.[9]

Karir Klub

Leicester City

Lineker ngamimitian karirna di kleb kotana Leicester City sanggeus beres sakola di taun 1977. Jadi pamaen profesional dina musin 1978-79, debut seniorna dimimitian dina poé Taun Baru 1979 nalika ngéléhkeun Oldham Athletic di Divisi Dua di Filber Street. Lineker meunangkeun gelar juara Divisi Dua sataun ka hareupna ku 19 kali tampil, tapi di taun 1980-81 ngan maen 9 kali basa Leicester langsung ngalaman kamunduran.

Najan kitu, di tahun 1981-82 dirina jadi pamaen reguler, nyitak 19 gol di total kabéh kompetisi usum eta. Sanajan gagal promosi, Leicester hasil nepi ka semifinal Piala FA, sarta tahun hareupna mampu naek promosi, harita Lineker nyitak 26 gol di Divisi Dua. Di taun 1983-84 Lineker munggaran ngarasakeun maen reguler di Divisi Hiji sarta jadi kadua pangluhurna dina nyitak gol ku 22 gol. Najan kitu Leicester gagal asup papan atas. Taun 1984-85. Lineker jadi top scorer bareng di Divisi Utama ku 24 gol, ngalaman suburna mimitran jeung Alan Smith. Dina wanci éta dirina narik perhatian kleb-kleb nu leuwih gedé, sarta pindah ti Filbert Street geus mangrupa kapastian.

Everton

Dina panutupan usum taun 1985, Everton, juara bertahan liga champions neken Lineker ku £800.000; Lineker nyitak 40 gol tina 57 maen pikeun tim anyarna di taun 1985-86. Lineker ogé mimpin deui panyitak gol di Divisi Hiji, ayeuna ku 30 gol (kaasup 3 kali hattricks), jeung ngarojong Everton ka posisi ka-dua di Liga. Harita Everton nepi ka final Piala FA noron ka tilu kalina, tapi eleh 3-1 ku Liverpool, najan Lineker mere kaunggulan tiheula sanggeus ngunggulan lumpat Alan Hansen pikeun nyetak gol. Liverpool ogé ngunggulan Everton ngajuaraan liga ku ngan dua poin. "Kuring ngan ukur sakeudeung di Merseyside, 9 atawa 10 bulan, tapi éta mangrupa kabagjaan pribadi, sacara profesional mangrupa periode paling sukses dina karir kuring," ceuk Lineker, "Kuring masih kénéh boga hubungan batin jeung Everton."

Lineker nyetak tilu hattrick pikeun Everton. Lineker sacara konsisten netelakeun yén mangsa di Everton mangrupa mangsa panghadéna salila dirina maen.

Barcelona

Sanggeus meunangkeun Sapatu Emas di Piala Dunia 1986 di Meksiko, Lineker neken kontrak jeung Barcelona ku £2,8 juta. Harita Barcelona keur dilatih ku manten manajer Queens Park Rangers, Terry Venables, nu ogé narik striker Manchester United jeung Wales, Mark Hughes. Barcelona mere kasempetan munggaran pikeun Lineker keur maen di tingkat Eropa, Leicester mah can pernah lolos ka liga Eropa basa Lineker keur maen kénéh teh, kitu deui Everton dilarang maen di Liga Eropa dina taun 1985-86 alatan diterapkeunna larangan maen pikeun klub-klub Inggris di kompetisi Eropa alatan tragedi Heysel.

Hasil Sapatu Emas di final téa medalkeun paluang pikeun sukses di Camp Nou, Lineker teu nguciwakeun, nyetak 21 gol tina 41 kali maen di musim kahijina, kaasup hattrick waktu meunang 3-2 ngalawan satru kabuyutan réal Madrid.[10] Barcelona menangkeun Copa del Rey di 1988 jeung Piala Winner Eropa di 1989. Lineker maen basa Barcelena eleh tandang tur kandang sacara teu disangka-sangka di Dundee United. Manajer Barcelona Johan Cruyff nempatkeun Lineker di gelandang katuhu sarta tungtungna mah Lineker teu jadi pilihan utama tim deui.

Ku 42 gol tina 103 kali tampil di La Liga, Lineker jadi pancitak gol Inggris pangunggulna dina sajarah kompetisi, Tapi ka dieuna kasusul ku Gareth Bale di taun 2016.[11]

Tottenham Hotspur

Manajer Manchester United, Alex Ferguson nyoba narik Lineker lewat mantan batur nyerangna di Barcelona, Mark Hughes, tapi Lineker malah milih ka Tottenham Hotspur di Juli 1989 ku nilai kontrak £1,1 juta. Salila tilu usum nyetak 67 gol tina 105 kali maen jeung meunangkeun Piala FA pikeun klubna.

Mereskeun Divisi Hiji salaku top scorer di taun 1989-90, nyitak 24 gol, sarta Spurs nincak di posisi ka-tilu.

Lineker akhirna menangkeun tropi Inggris waktu meunangkeun Piala FA taun 1991 jeung Spurs, ngéléhkeun Nottingham Forest 2-1. Najan éta ge Lineker dianggap nyitak gol kontroversi nu kuduna ofset jeung ogé pinaltina gagal, katahan ku kiper Mark Crossley.[12] Lineker geus ngarojong Tottenham lolos ka final. Di semi final dirina nyitak dua gol basa meunang 3-1 hiji ngalawan saingan sakota ti North London, Arsenal.[13]

Lineker nyanking posisi kadua panyitak gol pangluhurna dina 1991-92 ku 28 gol tina 35 maen, handapeun Ian Wright nu nyitak 29 gol tina 43 maen. Sakitu pintonan personalna hadé, Tottenham ngarengsekeun akhir liga pre-Premier dina posisi ka-15. Gol pamungkas Lineker dina menbal Inggris datang di akhir musim basa eleh 3-1 ku Manchester United di Old Trafford.

Nagoya Grampus Eight

Bulan November 1991, Lineker meunang tawaran dua taun kontrak ti anggota Liga J1 Nagoya Grampus Eight. Biaya transfer £2 juta dibayarkeun ka Tottenham Hotspur. Sacara resmi Lineker gabung ka Nagoya Grampus Eight sanggeus maen nu panungtungan pikeun Spurs dina tanggal 2 Mei 1992, nyitak gol hiburan basa eleh 3-1 ti Manchester United dina poéan panungtungan usum eta.[14] Memehna pisan, Tottenham nolak tawaran ti klub nu pinuh ambisi, Blackburn, nu karak dicepeng ku Jack Walker.[15]

Sanggeus nyetak 9 gol tina 23 kali maen salila dua musim nu direwong ku cidera[16] bareng Nagoya Grampus Eight, Lineker ngumumkeun reureuhna tina maen bola di Bulan September 1994. Media Inggris mah memehna geus ngawartakeun yén dirina bakal balik ka Inggris pikeun ngumplitan karir maenna di Middlesbrough atawa Southampton.[17]

Karir internasional

Lineker kungsi maen sakali di tim nasional Inggris B, menang kandang 2-0 lawan Selandia Baru B tanggal 13 November 1984. Lineker mimiti maen full di tim Inggris basa ngalawan Skotlandia taun 1984. Dirina maen lima kali di Piala Dunia 1986 jeung jadi top scorer turnamen ku 6 gol, meunangkeun sapatu emas, ngajadikeun dirina pamaen Inggris munggaran nu bisa kitu. Lineker nyetak hattrick kadua pangterehna di turnamen Piala Dunia FIFA lawan Polandia, pamaen Inggris kadua nu bisa nyitak hattrick di Piala Dunia, sarta nyetak dua gol lawan Paraguay di puteran kadua. Ampir salila turnamen dirina mamake perban gip dina leungeunna.Lineker nyetak gol pikeun Inggris di parapat final lawan Argentina, tapi antukna eleh lantaran Diego Maradona nyetak dua gol pikeun tim lawan (gol kahiji jadi hand "Tangan Tuhan", jeung gol nu kadua jadi "Gol Abad Ieu").

Di taun 1988, Lineker maen di Piala Eropa 88, tapi gagal nyitak gol, Inggris eleh tiluan kalina maen dina puteran Grup. Kadieunakeun katohian yén Lineker geus mimiti katarajang hepatitis.[18][19]

Di Piala Dunia 1990, Lineker nyetak opat gol pikeun ngarojong Inggris nepi ka semifinal sabada memehna seri waé jeung ngan meunang ipis. Dirina keur teu ngarareunah salila turnamen, sarta kababayan basa maen bubuka grup lawan Republik Irlandia.[20] Sabada tinggaleun 1-0 ku gol Andréas Brehme di semi final, Lineker nampa operan ti Paul Parker jeung nembus dua pamaen tukang Jerman Barat pikeun nyaruakeun skor, tapi Jerman Barat meunang gul-gulan jeung tuluy meunangkeun piala. Sanggeusna Lineker nyarita; "Menbal téh permaenan nu sederhana; 22 pamaen ngundag hiji bal salila 90 menit, jeung tungtungna Jerman meunang."[21]

Lineker pangsiun ti menbal internasional ku 81 cap jeung 48 gol, sagol leuwih leutik ti rekor Inggris Sir Bobby Charlton (tina 106 cap). Dina anu kasebut laga Inggris pamungkasna, lawan Swedia di Piala Eropa 1992, dirina diganti ku palatih Inggris Graham Taylor ku striker Arsenal, Alan Smith, ngilangkeun kasempetan pikeun nyaruaan - atawa ngaleuwihan - rekor Charlton.[22] Samemehna Lineker gagal nyitak pinalti nu bisa nyaruakeun rekorna, di pre-turnamen sosobatan lawan Brazil.[23] Lineker kaciri kuciwana kana kaputusan éta teh, teu ngareret-rerert acan ka Taylor basa asup ka tempat cadangan.

Dina dua kali kajadian, Lineker nyitak opat gol pikeun Inggris sarta Lineker mangrupa hiji tina ngan sababaraha urang pamaen nu can kungsi nampa kartu koneng atawa beureum dina sagala tipe permaenan.[24]

Karir Media

Nuluykeun reureuhna tina maenbal profesional, Lineker ngembangkeun karir di media, asup ka BBC Radio 5 Live salaku narasumber maenbal memeh ngagantikeun Des Lynam salaku pamawa warta liputan maenbal di BBC, kaasup ogé program nu maké bandera menbal, Match of the Day. Lineker ogé jadi kapten tim di pintonan olahraga They Think It's All Over ti taun 1995 nepi ka 2003. Saincahna Steve Rider ti BBC, Lineker, nu jago dina golf hiburan ku sa-handicap tina opat, jadi presenter piken liputan golf BBC. ogé midangkeun Grandstand di studio London mangsa harita Desmond Lynam keur di Aintree basa Grand National keur ditutup alatan ancaman bom dina balapan taun 1997. Najan meunang kritikan ti sasamana,[5] Lineker nuluykeun hanca liputan BBC di the Masters and the Open, di mana dirina nunjukkeun kamampuan bahasana ku cara wawancara dadakan jeung pamaen Argentina Andres Romero dina bahasa Spanyol.[25]

Lineker ogé tampil dina acara taun 1991 Pasosore jeung Gary Lineker beunang Arthur Smith jeung Chris England, nu tuluy diadaptasi pikeun acara tivi taun 1994.

Lineker midangkeun seri TV genep babak pikeun BBC di taun 1998 (didirekturan ku Lloyd Stanton) nu disebut Sapatu Emas,[26] bareng jeung selebritis maenbal sejenna. Mangrupankeun kapanjangan sajarah tina Piala Dunia, fokus kana 'Sapatu Emas' (top scorers).

2001, Lineker tampil dina acara TV Brass Eye (episode "Paedogeddon").[27]

Taun 2002, Lineker ngilu tampil sacara cameo dina film Bend it Like Beckham.

Taun 2005, Lineker ditungtut karena dianggap mitnah ku pamaen Ustrali Harry Kewell gara-gara komentar Lineker dina The Sunday Telegraph ngeunaan pindahan Kewell ti Leeds United ka Liperpool. Tapi juri gagal nangtukeun putusan. Kapanggih dina kasus éta téh rehna artikelna meunang di tulis tonggong ku jurnalis Sunday Telegraph sanggeus wawancara telepon jeung Lineker.[28]

Taun 2006, Lineker nyokot peran akting salaku pangeusi sora Underground Ernie di saluran BBC Barudak, CBeebies.[29]

Desember 2008, Lineker minton di program televisi ITV1 Who Wants to be a Millionaire? di mana dirina jeung pamaen rugby Inggris Austin Héaley menang £50.000 pikeun disumbangkeun ka Yayasan Cidera Tulang Belakang Nicholls.

Taun 2009, Lineker jeung geureuhana, Danielle, nyepeung acara Northern Exposure BBC.

Mei 2010, Lineker eureun jadi kolumnis the Mail on Sunday, alatan protes kana sting operation ka Lord Triesman nu dilaporkeun ngabahayakeun kana tawaran Inggris pikeun jadi tuan rumah Piala Dunia 2018. Lineker tuluy gawe jadi pamawa warta liputan maenbal bahasa Inggris pikeun Al Jazeera Sport, nu disiakeun ka sajumlah loba wilayah Timur Tengah. Dirina ninggalkeun TV Qatar éta di taun 2012.

Taun 2013, Lineker mimiti gawe pikeun NBCSN salaku bagéan tina liputan Liga Premeir-na, sarta ngarojong kana Match of the Day versi Amerika.[30]

9 Juni 2015, Lineker jadi persenter utama lipuntan Liga Champions BT Sport.

13 Agustus 2016, Lineker midangkeun Match of the Day kahiji musim 2016-17 ngan maké calana boksen. Dirina kungsi janji di twitter Desember 2015, yén mun Leicester City menang Liga Premier, dirina bakal "midangkeun Match of the Day make calana jero wungkul".

Dina 18 Oktober 2016, Lineker nyorakeun dina tweeter hiji bantahan kana pernyataan nu dijieun ku PM David Davies nu mana Davies nyarankeun yén Inggris Raya kudu ngajalankeun tes gigi ka para pengungsi pikeun mariksa umurna.[31] Lineker ngabewarakeun "Tindakan ka para pangungsi ngora ieu téh rasis pisan jeung bener-bener teu boga hate. Kunaon negri urang teh?" [32] Hal ieu ngalantarankeun The Sun manggil Lineker, mecat tina Match of the Day, nganggap Lineker geus ngalanggar panduan netral BBC.[33] Lineker ngagambarkeun kontroversi éta téh itung-itung "panggebug" tapi nuluykeun pangbelaanna pikeun para pangungsi.[34]

July 2018, Lineker ngumumkeun dukunganna pikeun People's Vote, hiji kampanye nu nungtut pamilihan umum pikeun putusan akhir Brexit antara Inggris Raya jeung Uni Eropa.[35]

Iklan Walkers

Lineker geus sababaraha kali tampil dina iklan perusahaan opieun Walkers di Leicester, saprak 1994, asalna neken 200.000 kontrak.[36] Walkers sakapeung ngaranan kiripik kentang cuka asin-na maké Lineker, dingaranan 'Salt & Lineker', di akhir 90-an.[37]

Goalhanger Films

Mei 2014, Lineker ngawangun perusahaan produksi sorangan, Goalhanger Films Ltd. bareng jeung Manten ITV Controller Tony Pastor.[38] Salila Piala Dunia 2914, Lineker midangkeun sababara vidéo pondok nu diproduksi ku Goalhanger Films di You Tube nu dijudulan Blahzil.

Mei 2015, perusahaanna ngaluarkeun film dokumenter 60 menit dipidangkeun ku Lineker, judulna Gary Lineker on the Road to FA Cup Glory pikeun BBC.

Kahirupan pribadi

Lineker nyanding ka Michelle Cockayne di taun 1986. Bulan Mei Michelle ngajukeun cerai ku alesan yén Lineker boga "kalakuan teu puguh". Lineker jeung Michell boga opat budak lalaki, Géorge, Harry, Tobias jeung Angus. Duanana silih nyatakeun yeun situasina geus teu bisa diislahkeun.[39]

Lineker dijadikeun warga kahormatan Leicester City taun 1995 sarta kajojo salaku "putra kadeudeuh Leicester".[40][41]

Oktober 2002, Lineker nandonan 5 juta pikeun nyalametkeun manten klubna Leicester City, nu tigebrus kana masalah administrasi hukum. Lineker ngagambarkeun yén ilibiungna téh leuwih mangrupa "amal" batan "kapentingan pribadi."[42] Dirina nyatakeun yén dirina bakal ngamodalan sajumlah duit sarta anggota konsorsium lainna bakal nyumbang jumlah nu sarua. Lineker nepungan grup bobotoh pikeun ngajak maranéhna pikeun ngumpulkeun duit keur nyalametkeun klub lilana. Tungtungna mah Leicester salamet tina likuidasi. Lineker ayeuna jadi Wakil présidén kahormatan di Leicester City F.C.

Lineker kawin ka Daniell Bux tanggal 2 September 2009 di Ravello, Italia. Maranéhna menangkeun £30.000 hadiah pikeun amal di acara ITV's Mr and Mrs.[43] Tanggal 13 Januari 2016, Lineker jeung Bux ngumumkeun cerei, sanggeus genep taun rumah tangga.[44] Alesanna cenah Lineker teu hayang boga budak deui.[44]

November 2017, Lineker katuliskeun dina Paradise Papers dina hubunganna jeung skema panolakan pajak lantaran mibanda properti di Barbados jeung hiji perusahaan di Kapulauan Virgin.

Statistik Karir

Klub

MusimKlubLigaPialaPiala LigaKontinentalTotal
DivisiMaenGulMaenGulMaenGulMaenGulMaenGul
InggrisLigaPiala FALigaEropaTotal
1978–79Leicester CityDivisi Dua7171
1979–8019310203
1980–81Divisi Hiji9211103
1981–82Divisi Dua391752304719
1982–83402610204326
1983–84Divisi Hiji392210104122
1984–85412443324829
1985–86EvertonDivis Hiji413065535238
SpanyolLigaCopa del ReyCopa de la LigaEropaTotal
1986–87BarcelonaLa Liga412011805021
1987–88361652824920
1988–8926641843811
InggrisLigaPiala FAPiala LigaEropaTotal
1989–90Tottenham HotspurDivisi Hiji382410624526
1990–91321563514319
1991–9235282055825035
JepangLigaPiala KaisarPiala LigaAsiaTotal
1993Nagoya Grampus EightLiga J1710054125
19941130010123
NagaraInggris3401922814301382406221
Spanyol1034210424613752
Jepang1840064248
Total46123838183617328567281

Internasional

Tim Nasional Inggris
TaunMaenGul
198410
198596
1986108
198779
1988103
198993
1990158
1991119
199282
Total8048

Gol Intenasional

Panghargaan

Klub

Leicester City

  • Liga Divisi Dua: 1980
Everton
  • Charity Shield FA: 1985
Barcelona
  • Copa del Rey: 1988
  • Piala Winners Eropa: 1989
Tottenham Hotspur
  • Piala FA: 1991

International

Inggris
  • Tempat kaopat Piala Dunia: 1990

Individual

  • English Second Division Top Scorer Divisi Dua: 1982–83[45]
  • Top Scorer Divisi Hiji: 1984–85, 1985–86, 1989–90
  • Pamaen Taun Ieu PFA : 1985–86
  • Pamaen Bal Taun Ieu FWA: 1985–86, 1991–92
  • Sapatu Emas Piala Dunia FIFAt: 1986
  • Tim Piala Dunia All Star: 1986
  • <i>Onze de Bronze</i>: 1986
  • <i>Ballon d'Or</i>: Runner-up 1986
  • Panghargaan FIFA Fair Play: 1990
  • Panghargaan FWA <i>Tribute</i> : 1997
  • Pamaen Taun Ieu FIFAr: Panghargaan Perunggu 1991[46]
  • FIFA 100
  • Tembok Kahormatan Menbal Inggris: 2003[47]
  • Tim Abad Ieu PFA (1977–1996): 2007[48]

Referensi

Bacaeun kapayun

  • Malam, Colin (1993). Gary Lineker: Strikingly Different. London: Stanley Paul. ISBN 0-09-175424-0. 

Pranala

Gary Lineker