Ganja

Ganja kaasup kana narkotika golongan 1 anu poténsina gedé pisan kana nimbulkeun katergantungan jeung dipahing dimangpaatkeun pikeun ubar.[1]

Tangkal Ganja

Fakta Umum

  1. Tangkal ganja anu digaringkeun, dikuluntungkeun jiga roko.[1]
  2. Anu kaasup kana ganja nyaéta hashis.[1]
  3. Ngandung tétrahydrocannabinol (THC) nu psikoaktip sarta ngabalukarkeun katergantungan.[1]
  4. Sanggeus dipaké, zat anu dikandung bisa cicing dina jero awak, lilana bisa saminggu.[1]

Pangaruh anu Langsung Karasa

  1. Denyut nadi naék, suhu awak turun.[1]
  2. Mata beureum, lelembéé sarta tikoro garing.[1]
  3. Loba omong, rarasaan gumbira, rasa kumalayang, rasa lapar jeung haus leuwih ningkat.[1]
  4. Kamampuh ngalaksanakeun pancén anu ngabutuhkeun konséntrasi sarta koordinasi jadi kaganggu.[1]

Pangaruh Jangka Panjang

Bisa ngalaman halusinasi, paranoia (gangguan jiwa nu rarasaanana diudag-udag), turunna motipasi, kalaléder, babari katépaan panyakit, sarta katergantungan.

Pangaruh dina Sistim Awak Manusa

  1. Sistim Sarap Puseur : bisa ngabalukarkeun kana leungitna kamampuh nginget(memori) atawa teu mampuhna ngabédakeun mana nu penting jeung mana anu teu penting sarta bisa ngabalukarkeun karusakan uteuk.[1]
  2. Sistim Pernapasan : ngaronjatna risiko panyakit bayah kronis (bronkitis, kanker), leuwih gedé ti batan ngaroko.
  3. Sistim Pencernaan jeung Réproduksi : nambah napsu barang dahar, nguranganana kadar hormon téstostéron keur lalaki, nu ngabalukarkeun nguranganana kasuburan, sarta gangguan mén, jeung risiko interfertilisasi(euweuh kasuburan) keur awéwé.[1]

Poto-Poto Ganja




Referensi