Detektif Conan

Detektif Conan nyaéta salah sahiji judul anime jeung manga nu judulna sarua.[1] Serial ieu dipigawé ku Aoyama Gosho-sensei sarta digarap ku studio Kadokawa Shoten.[1] Ieu serial mangrupa serial detektif sci-fi action adventure, nu mana carita na museur kana kahirupan hiji detektif, alurna hésé diteguh alatan logika urang kudu jalan nalika nongton ieu serial.[1]

Sinopsis

Shinichi Kudo nyaéta saurang detektif swasta nu nyuprih élmu di SMU Teitan.[1][2] Manéhna mindeng nulungan pulisi dina nuntaskeun sawatara kasus kriminal.[1][2] Hiji mangsa, Shinichi Kudo jeung papacanganana Ran Mouri keur nalungtik hiji kasus di taman hiburan.[1][2] salah sahiji oknumna nyaéta dua jalma nu maké jubah hideung, ngaranna Gin jeung Vodka.[2]
Shinichi nuturkeun dua jalma éta nepi ka pamustunganana mah manéhna kanyahoan tur diteunggeul nepi ka kapiuhan.[2] Gin jeung Vodka ngasupkeun ubar ahéng kana awak Shinichi.[1][2] Éta ubar téh ngaranna Apotoxin-4869 (APTX-4869) nu ngabalukarkeun awak Shinichi robah jadi budak leutik umur 8 taun-an.[2]
Nalika Ran Mouri datang ka imah kulawarga Kudo.[1] Manéhna panggih jeung Shinichi leutik, tuluy nanyakeun ngaran éta budak.[1] Tungtungna, Kudo nyokot ngaran tina 2 novelist nu kasohor nyaéta Sir Arthur Conan Doyle ( nu ngarang novel Sherlock Holmes) jeung Edogawa Rampo.[1] ti dinya ngaranna jadi Conan Edogawa.[1]
Conan dibéré barang-barang nu canggih ti Profesor Agasha kayaning dasi pangobah sora, sapatu super, anting telepon jeung sajabana sangkan manéhna leuwih gampang dina nalungtik jeung maluruh organisasi jubah hitam nu ngabalukarkeun manéhna jadi budak leutik.[1] Salian ti éta, Conan ogé cicing di imah detektif Mouri sangkan manéhna gampang manggihan kasus-kasus kriminal.[1]

Tokoh-tokoh dina Detektif Conan

  • Shinici Kudo / Conan Edogawa.[2]
  • Ran Mouri.[2]
  • Kagoro Mouri.[2]
  • Eisuke Hondou (本堂 瑛祐 Hondō Eisuke).[1]
  • Eri Kisaki (妃 英里, Kisaki Eri).[1]
  • Heiji Hattori (服部平次 Hattori Heiji).[2]
  • Kazuha Toyama.[1]
  • Kid si Pencuri alias Kaito Kid.[2]
  • Okiya Subaru.[1]
  • Sonoko Suzuki (鈴木園子 Suzuki Sonoko).[1]
  • Yusaku Kudo (工藤優作 Kudō Yusaku).[1]
  • Yukiko Kudo (工藤有希子 Kudō Yukiko).[1]
  • Dr. Tomoaki Araide.[1]
  • Yoko Okino (沖野 ヨーコ, Okino Yōko).[1]
  • Ai Haibara.[1]
  • Ayumi Yoshida (吉田歩美 Yoshida Ayumi).[1]
  • Genta Kojima (小嶋元太 Kojima Genta).[1]
  • Hiroshi Agasa (阿笠 博士) (Profesor Agasa).[1]
  • Mitsuhiko Tsuburaya (円谷光彦 Tsuburaya Mitsuhiko).[1]
  • Sumiko Kobayashi (小林澄子 Kobayashi Sumiko).[1]
  • Juzo Megure (目暮十三 Megure Jūzō).[1]
  • Isshin Chiba.[1]
  • Misao Yamamura.[1]
  • Ninzaburo Shiratori (白鳥 任三郎 Shiratori Ninzaburō).[1]
  • Sato Miwako.[1]
  • Takagi Wataru.[1]
  • Ethan Hondou.[1]
  • Hidemi Hondou.[1]
  • Andre Camel.[1]
  • James Black.[1]
  • Jodie Starling.[1]
  • Shuichi Akai.[1]

Referensi