Cangkring
- Kaca
- Sawala
Parabot
Umum
Di proyék lianna
Cangkring | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | Faboideae |
Tribus: | Phaseoleae |
Génus: | Erythrina |
Spésiés: | E. fusca |
Ngaran binomial | |
Erythrina fusca Lour. | |
Sinonim | |
Erythrina glauca |
Cangkring (Erythrina fusca) nyaéta tutuwuhan kembang anu sok dijieun hiasan di taman. Biasana tuwuh di wewengkon tropis di Asia Pasifik, Amérika Tengah, jeung Amazon Basin. Ukuran tangkalna sedeng, wangun mahkotana buleud. Catangna pendék, cucukan nepi ka 2 cm. Papagan warnana abu-abu semu coklat, atawa coklat semu héjo. Dahan nyebar, rubak, cucukan, kalakayna mah teu cucukan. Daunna selang-seling, jumlahna tilu. Puhu daun wangunna buleud siga endog, nepi ka semu lonyod, rada buleud atawa rada nyungcung dina tungtung puhuna, héjo ngora dina bagian luhurna, aya lapisan lilin anu ipis atawa héjo semu abu-abu dina bagian handapna, gundul nepi ka aya buluan kawas buludru[1].