Beunying

Beunying
Gambar:Beunying.jpg
Status konservasi

Vulnerable  (IUCN 2.3)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Magnoliophyta
Kelas:
Ordo:
Rosales
Kulawarga:
Moraceae
Génus:
Spésiés:
F. fistulosa
Ngaran binomial
Ficus fistulosa

Beunying; Ficus fistulosa nyaéta hiji spésiés tina tuwuhan dina kulawarga Moraceae.[1][2] Ieu tutuwuhan téh ngandung potensi jadi ubar lantaran ngandung senyawa alkaloid, triterpenoid jeung flavonoid anu mangrupa kelompok senyawa bioaktif[3]. Jangkung tangkalna bisa nepi kana 20 m jeung 21 dbh, jeung diaméter 25 cm.[4]Catangna boga geutah anu warnana bodas. Kalakayna regas, babari potong. Stipula kira-kira 10 mm, gundul. Ukuran diaméter buahna 10mm, warnana konéng semu coklat, wangunna buleud, mibanda daging buah. Buahanna téh ranggeuyan napel kana kalakay jeung catangna.[4]

Ékologi

Beunying bisa hirup dina kondisi alam ti mimiti wilayah dipterocarp campuran nu teu kaganggu, nepi ka leuweung sub-pagunungan, sarta nepi kana 1.700 m. Dina tonggong pasir jeung pagunungan anu miboga tékstur taneuh teula (taneuh liat) nu pacampur jeung keusik.[4]

Distribusi

Ti mimiti India wétan jeung laut Cina kidul ka New Guinea. Di Bornéo loba kapanggih di Sarawak, Sabah jeung Kalimantan Wétan.[4]

Kagunaan[4]

  • Pucukna bisa didahar atah keur ubar méncrét.
  • Buahna bisa didahar.

Dicutat tina

Tutumbu Kaluar

  •