Beruk

Beruk
Crab-eating Macaque
Crab-eating Macaque
Macaca fascicularis
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:Animalia
Fila:Chordata
Kelas:Mamalia
Ordo:Primata
Kulawarga:Cercopithecidae
Marga:Macaca
Lacepede, 1799
Spésiés

tempo téks

Beruk ngabentuk marga Macaca ti monyét Dunya Buhun (Ing. Old World monkeys).

Beruk mangrupa monyét genus primata anu panglobana nyebar, sagigireun manusa, ti Afrika kalér nepi ka Jepang. Kiwari geus aya salapan welas spésiés beruk nu geus dipiwanoh, kaasup monyét geus pisan dipiwanoh ku masarakat awam, kayaning Beruk Résus (Rhesus Macaque, Monyét Résus téa), Macaca mulatta, jeung Beruk Barbari (Barbary Macaque), M. sylvanus, hiji koloni nu hirup di pagunungan Jabal Torik. Najan sababaraha spésiésna teu buntutan, jeung ku sabab kitu sok diaku kera (Ing. ape), bisa dipastikeun yén mémang bener monyét, nu taya patalina jeung kera gedé (Ing. great ape) dina kulawarga Hominidae atawa kera leutik dina kulawarga Hylobatidae.

Sababaraha spésiés beruk geus loba dipaké pikeun panalungtikan médis.

Ahir 1990-an kapanggih yén ampir sakabéh (90%-an) beruk kukutan atawa beunang néwak mawa virus hérpes-B. Virus ieu teu nanaon pikeun beruk, tapi bahya pisan mun népa ka manusa.

Daptar spésiés

Beruk Malaysia

Marga Macaca

  • golongan M. sylvanus
    • Beruk Barbari, Macaca sylvanus
  • golongan M. nemestrina
    • Beruk Buntut Singa, Macaca silenus
    • Beruk Buntut Bagong Sunda, Macaca nemestrina
    • Beruk Buntut Bagong Kalér, Macaca leonina
    • Beruk Mentawai atawa Bokkoi, Macaca pagensis
      • Macaca pagensis pagensis
      • Macaca pagensis siberu
  • golongan Sulawesi
    • Beruk Moro, Macaca maura
    • Booted Macaque, Macaca ochreata
      • Macaca ochreata ochreata
      • Macaca ochreata brunnescens
    • Beruk Tongki, Macaca tonkeana
    • Beruk Heck, Macaca hecki
    • Beruk Gorontalo, Macaca nigriscens
    • Beruk Sulawesi, Macaca nigra
  • golongan M. fascicularis
    • Crab-eating Macaque atawa Beruk Buntut Panjang atawa Kera, Macaca fascicularis
    • Stump-tailed Macaque atawa Beruk Biruang, Macaca arctoides
  • golongan M. mulatta
    • Beruk Résus Macaque, Macaca mulatta
    • Beruk Jepang, Macaca fuscata
  • golongan M. sinica
    • Beruk Toki, Macaca sinica
      • Macaca sinica sinica
      • Macaca sinica aurifrons
    • Beruk Bonnet, Macaca radiata
      • Macaca radiata radiata
      • Macaca radiata diluta
    • Beruk Assam, Macaca assamensis
      • Macaca assamensis assamensis
      • Macaca assamensis pelops
    • Beruk Tibét, Macaca thibetana
    • Beruk Arunakal atawa Munzala, Macaca munzala

Tumbu kaluar