Baluntas

Beluntas
Daun beluntas
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Magnoliophyta
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. indica
Ngaran binomial
Pluchea indica
L.

Baluntas nyaéta ngaran tutuwuhan anu biasa dimangpaatkeun pikeun ubar.[1] Tangkalna ajeg, jangkungna 2 m atawa leuwih.[1] Régangna loba sarta aya bulu lemesan.[2][1] Tumuwuh liar di taneuh nu garing atawa di pakarangan minangka pager.[1] Tangkai daunna pondok, cicingna sisilangan, wangunna lonjong, sisina regé-regé warna héjo.[1] Kembangna warna ungu.[1] Buahna siga panggal kelirna coklat.[1] Baluntas dikembangbiakkeun ku cara seték (ditancebkeu tangkalna) .[3] Baluntas ngandung alkaloid, flavonoida, tanin, minyak atsiri, asam chlorogenik, natrium, kalium, aluminium, kalsium, magnesium, jeung fosfor.[3] Daun baluntas biasana dimangpaatkeun pikeun ubar panas, bau awak, nyeri awak, keputihan, nyeri cangkéng, reumatik,[1][3] nyeri beuteung, ubar scabies, jeung TBC kelenjar.[3]
Salian ti éta, daun baluntas ogé miboga potensi minangka ekstrak anu boga fungsi pikeun ngawétkeun kadaharan, alatan kamampuhna pikeun ngahambat tumuwuhna baktéri-baktéri nu ngalantarankeun karacunan kadaharan sarta baktéri nu ngalantarankeun karuksakan kadaharan.[4] Lian ti éta ogé kamampuhna minangka radical scavenging activity bisa dipaké pikeun sanyawa antioksidan ogé dipaké minangka ubar radang (inflamasi) sarta ubar ngising waé alatan pangabisana pikeun menghambat tumuwuhna baktéri S. aureus sarta E. coli.[4][5]


Referensi

Tutumbu Kaluar

  •