Awi krisik

Awi krisik
Awi krisik (Bambu cina), Bambusa multiplex
ti Darmaga, Situgedé, Bogor Kulon
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiosperms
(unranked):
Monocots
(unranked):
Commelinids
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Bambusoideae
Supertribus:
Bambusodae
Tribus:
Bambuseae
Subtribus:
Bambusinae
Génus:
Bambusa
Spésiés:
B. multiplex
Ngaran binomial
Bambusa multiplex
(Lour.) Raeusch. ex Schult. & J.H. Schult.[1][2]
Sinonim
  • Arundo multiplex Lour.[3] (basionym)
  • Bambusa multiplex (Lour.) Raeusch.[4] (nomen nudum)
  • Ludolfia glaucescens Willd.
  • Ischurochloa floribunda Buse
  • Bambusa nana Roxb.
  • Bambusa sterilis Kurz ex Miq.
  • Bambusa caesia Siebold & Zucc. ex Munro
  • Arundarbor aurea Kuntze
  • Triglossum arundinaceum Gamble
  • Bambusa alphonse-karrii Mitford ex Satow
  • Bambusa glaucescens (Willd.) Merr.
  • Bambusa argentea Nehrl.
  • Bambusa dolichomerithalla Hayata
  • Bambusa liukiuensis Hayata
  • Bambusa shimadae Hayata
  • Leleba amakusensis Nakai
  • Leleba elegans Koidz.
  • Bambusa strigosa T.H.Wen
  • Bambusa albifolia T.H.Wen & J.J.Hua
  • Bambusa pubivaginata W.T.Lin & Z.M.Wu

sinonim langkung lengkep mangga tinggali The Plant List.[5]

Awi krisik (Bambusa multiplex)[6] nyaéta tangkal awi anu ngahaja dipelak ku lantaran mibanda loba kagunaan, utamana pikeun pager hirup di buruan anu perenahna nyanghareup ka jalan.[7] awi krisik disebut ogé awi ganani ; awi cina [8] ; awi pager [9] atawa buluh pagar.[6]Awi krisik di daérah Jawa disebutna pring gĕndani, pring cĕndani (basa Jawa).[8] Dina basa Inggris disebutna hedge bamboo[1][6] kalawan mibanda rupa-rupa variasi, atawa numutkeun kultivarna; disebut ogé Chinese dwarf bamboo.[6]

Pedaran

Awi krisik tangkalna ngarungkun tur kékép ; rimpangna nyagak simpodial.[9]Iwungna héjo, lokos; tangkal anu masih kénéh ngora semu bodas kawas disimbutan ku bubuk lilin.[9] Tangkalna ajeg pucukna ngarumpuyuk, jangkungna bisa nepi ka 8 m, tungtung tangkal ka pucukna melengkung; régangna bijil tina buku-buku tangkal anu masih kénéh deukeut tina taneuh.[9] Dina satangkal régang anu bijil ukuranna méh sarua, panjang lk. 7-9, panjang buku-bukuna 30-50 cm sedengkeun garis tengahna (0,3–)1,5–2,5 cm.[9] Tangkal awi krisik kawilang ipis tapi pejel 5 mm (var. riviereorum); héjo hérang, kalwan mibanda bulu-bulu anu heuras kelirna coklat nepi ka coklat kolot, utamana anu aya di handapeun buku tangkal; buku-bukuna ngajarendul.[9][10]

Salumpitna gancang leupas tina tangkal; wanguna kawas trapesium leutik, mimtina kawas aya wedakna (semu bodas), henteu buluan, melengkung henteu rata, tungtungna nikel kaluar.[9] Ligula rérégéan henteu rata, jangkungna 1,5 mm, lokos.[9] Palapah daun gancang leupas, ajeg, wangunna kawas segi tilu rada pongpét, palapah handapna méh sarua jeung palapah luhurna, tungtung palapah daun semu méncos, di luarna buluan kelirna coklat.[9][10]

Daun salambar lonyod méncos ka tungtungna 5-13 × 0,6-1,5 cm, daun beulah handap rada keusrak, semu bodas, ngaronyok aya kana 5-26 lambar daun dina tungtung régang; salumpit daun leutik, baruluan ; ligula rérégéan, jangkung lk. 1 mm.[9][10]

Tempat hirup jeung ékologi

Awi krisik ditaksir asalna ti wewengkon Indocina jeung Cina beulah kalér; kiwari geus nyebar ka sababaraha nagara di wilayah tropis, kaasup Asia Tenggara.[6][11]Awi krisik disebut ogé awi ganani bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan taneuh, ogé dina dataran anu luhur 1.500 m tina beungeut cai laut (dpl).[6]

Mangpaat

Awi krisik loba anu mikaresep tur ngahaja dipelak utamana pikeun pager hirup di kebon jeung buruan.[6] Tangkalna anu geus kolot sok dimangpaatkeun pikeun gagang payung atawa jeujeur.[6][12] Di Indonesia jeung Thailand ieu awi dipaké ogé pikeun anyaman.[6] Di Filipina, tangkalna geus dipecakan dijieun bubur pikeun nyieun kertas pulp.[6] Di Taiwan, Awi krisik dipaké pikeun panghalang angin.[6] Kultivar-kultivar tangkalna leuwih pendék ngahaja dipelak dina pot pikeun papaés buruan.[6]

Dicutat tina

Daptar pustaka

Tutumbu kaluar

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan