Avométer

Avométer nyaéta mérek Inggris keur multiméter (Amérika Serikat).[1] Sering ogé disebut AVO nu mangrupa turunan tina hurup-hurup mimiti kecap-kecap ampere, volt, ohm.

AVO méter model 8 produksi taun 1951 nepi ka 2008 (Mk7 pictured)

sajarah

Barétona, antara taun 1930 nepi ka 1960, di Inggris mah AVO téh mangrupa alat ukur pangalusna di antara golongannana. Ampir husus keur multiméter nu dipaké ku tukang menerkeun radio, Avométer bisa ngukur arus bulak-balik (AC, alternating current) nepi ka 10 A standar AC, sarta tegangan saarah (DC, direct current) nepi ka 1000 V; sarta minangka ohméter bisa ngukur ti 0.1 Ω nepi ka 200 kΩ dina tilu jangkoan.[2] Alat ieu miboga akurasi ±1% dina skala pinuh (FSD) keur jangkauan DC sarta±2% keur jangkauan AC.[2]

Konsumsi arus maksimeumna 50 μA (sabanding jeung 20,000 ohm per volt), nu cukup (dina lolobana sirkuit) keur nurunkeun érror pangukuran tegangan, alatan konéksi alat ukur, nepikeun ka tingkat nu bisa ditarima.[2] Sapasang sakelar puter dipigunakeun keur milih jangkauan nu arék diukur, ditata sahadé-hadéna supaya bisa ngurangan risiko karuksakan alat alatan salah ngatur pamilih jangkauan. Protéksi satuluyna dijieun maké pamotong kaleuwihan beban. Dina jamanna, AVO kacida mashurna sarta bisa dipanggihan dina unggal tukang réparasi di sakuliah bagian nagara.[1]

Tempo Ogé

  • Megger (pamilik rancangan Avométer kiwari)

Asupkeun téks nu teu diformat di dieu

Tumbu Luar