Asam lemak oméga-3

Asam lemak n−3 (katelah asam lemak ω−3 atawa asam lemak oméga-3) nyaéta kulawarga asam lemak teu jenuh nu mibanda tungtung beungkeut ganda karbon-karbon dina posisi n−3; nyaéta beungkeut katilu ti tungtung métil asam lemakna.

Rupa-rupa lemak dina katuangan
  • Lemak teu jenuh
    • Lemak teu jenuh tunggal
    • Lemak teu jenuh loba
    • Lemak trans
    • Asam lemak oméga:
  • Lemak jenuh
    • Lemak interésterik
Baca ogé

Asam lemak n−3 nu penting salaku zat gizi di antarana asam alfa-linolénat (ALA), asam éikosapéntaénoat (EPA), jeung asam dokosahéksaénoat (DHA), nu teu jenuhna laloba. Awak manusa teu bisa nyieun asam lemak n−3 de novo, tapi bisa ngabentuk asam lemak n−3 karbon-20 teu jenuh (kawas EPA) jeung asam lemak n−3 teu jenuh karbon-22 (kawas DHA) tina asam lemak n−3 karbon-18. Ieu parobahan lumangsung paheula-heula (kompetitif) jeung asam lemak n−6 nu tumali raket jeung analog kimia turunan asam linoléat. Boh asam α-linolénat n−3 atawa asam linoléat n−6 sarua pentingna nu kudu aya asupanana tina katuangan. Sintésis asam lemak n−3 nu leuwih panjang tina asam linolénat dina jero awak kaéléhkeun ku analogna anu n−6. Ku kituna, akumulasi asam lemak n−3 ranté panjang dina jaringan leuwih jétu mun diala langsung tina katuangan[rujukan?].

Rujukan

Rujukan lianna

Bacaan salajengna

Tumbu kaluar