An Naziat
(dialihkeun ti An-Naziat)
An Naziat النّازعات | |
---|---|
Informasi | |
Harti | Malaikat-malaikat Anu Nyabut |
Ngaran séjén | As Sahoroh (Beungeut Bumi) At Tammah (Musibah Badag)[1] |
Golongan | Makkiyah |
Surah ka | 79 |
Juz | Juz 30 |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 2 ruku' |
Jumlah ayat | 46 ayat |
Surat An Naziat (basa Arab:النّازعات) nyaéta surat ka-79 dina al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun kana surat Makkiyah, diwangun ku 46 ayat. Dingaranan An Naziat anu hartina Malaikat-malaikat anu nyabut asalna tina kecap an aaazi’aat anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Dingaranan ogé As Sahiroh anu dicokot tina ayat ka-14, dingaranan ogé Ath Thommah dicokot tina ayat ka-34.
Poko-poko eusi
- Kaimanan
- Panegasan Alloh ngeunaan ayana poé kiamat sarta sikep jalma-jalma musyrik kana hal éta.
- Manusia dibagi jadi 2 golongan di ahérat
- Manusia henteu bisa nyaho iraha kajadianana waktu kiamat
- Carita
- Carita Musa a.s. jeung Fir´aun.
Eusi jeung Tarjamah
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | وَٱلنَّـٰزِعَـٰتِ غَرۡقً۬ا | Demi (béntang-béntang) nu garancang pindahna . |
2. | وَٱلنَّـٰشِطَـٰتِ نَشۡطً۬ا | Demi (béntang-béntang) nu salawasna pipindahan. |
3. | وَٱلسَّـٰبِحَـٰتِ سَبۡحً۬ا | Jeung demi (béntang-béntang) nu maluter gancang pisan. |
4. | فَٱلسَّـٰبِقَـٰتِ سَبۡقً۬ا | Tuluy (béntang-béntang) nu maluter paheula-heula. |
5. | فَٱلۡمُدَبِّرَٲتِ أَمۡرً۬ا | Jeung (béntang-béntang) nu dipaké ngatur urusan. |
6. | يَوۡمَ تَرۡجُفُ ٱلرَّاجِفَةُ | (Sing inget) poéan génjlongna bumi anu kacida tarikna. |
7. | تَتۡبَعُهَا ٱلرَّادِفَةُ | Ditema ku nu nuturkeunana. |
8. | قُلُوبٌ۬ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ وَاجِفَةٌ | Haté (jelema-jelema) poé éta kacida geumpeurna. |
9. | أَبۡصَـٰرُهَا خَـٰشِعَةٌ۬ | Panénjona tarungkul alum. |
10. | يَقُولُونَ أَءِنَّا لَمَرۡدُودُونَ فِى ٱلۡحَافِرَةِ | Maranéhna nyarita: “Naha urang rék dibalikkeun deui kana kaayaan asal; |
11. | أَءِذَا كُنَّا عِظَـٰمً۬ا نَّخِرَةً۬ | Nalika urang geus jadi tulang-taleng nu raremek? |
12. | قَالُواْ تِلۡكَ إِذً۬ا كَرَّةٌ خَاسِرَةٌ۬ | Maranéhna nyarita deui: “Ana kitu mah, pangbalikan nu matak rugi.”. |
13. | فَإِنَّمَا هِىَ زَجۡرَةٌ۬ وَٲحِدَةٌ۬ | Tapi saéstuna éta mah jeritan anu ngan sakocéak. |
14. | فَإِذَا هُم بِٱلسَّاهِرَةِ | Dadak sakala maranéhna aya deui di luhur bumi. |
15. | هَلۡ أَتَٮٰكَ حَدِيثُ مُوسَىٰٓ | Naha ka manéh geus kawartikeun lalakon Musa? |
16. | إِذۡ نَادَٮٰهُ رَبُّهُ ۥ بِٱلۡوَادِ ٱلۡمُقَدَّسِ طُوًى | Nalika Pangéranna cumeluk ka manéhna di lengkob suci (nu katelah) Thuwa. |
17. | ٱذۡهَبۡ إِلَىٰ فِرۡعَوۡنَ إِنَّهُ ۥ طَغَىٰ | Jeung geura indit manéh ka Fir’aun, lantaran manéhna geus murba wisésa. |
18. | فَقُلۡ هَل لَّكَ إِلَىٰٓ أَن تَزَكَّىٰ | Pok caritakeun ka manéhna: “Naha andika hayang jadi suci? |
19. | وَأَهۡدِيَكَ إِلَىٰ رَبِّكَ فَتَخۡشَىٰ | Jeung naha andika daék dituduhkeun ka Pangéran andika sangkan andika aya kasieun? |
20. | فَأَرَٮٰهُ ٱلۡأَيَةَ ٱلۡكُبۡرَىٰ | Tuluy Musa mintonkeun ayat (mujijat) nu gedé ka manéhna. |
21. | فَكَذَّبَ وَعَصَىٰ | Tapi (Fir’aun) ingkar jeung bahula. |
22. | ثُمَّ أَدۡبَرَ يَسۡعَىٰ | Tuluy manéhna nukangan, gejlig indit. |
23. | فَحَشَرَ فَنَادَىٰ | Ngumpulkeun (rahayatna) sarta susumbar. |
24. | فَقَالَ أَنَا۟ رَبُّكُمُ ٱلۡأَعۡلَىٰ | Pokna: “Nya kami pangéran maranéh anu linuhung!” |
25. | فَأَخَذَهُ ٱللَّهُ نَكَالَ ٱلۡأَخِرَةِ وَٱلۡأُولَىٰٓ | Ku kituna Alloh nyiksa manéhna ku siksaan ahérat jeung dunya. |
26. | إِنَّ فِى ذَٲلِكَ لَعِبۡرَةً۬ لِّمَن يَخۡشَىٰٓ | Saéstuna dina perkara éta téh jadi pangajaran keur sing saha anu wedi (ku Alloh). |
27. | ءَأَنتُمۡ أَشَدُّ خَلۡقًا أَمِ ٱلسَّمَآءُۚ بَنَٮٰهَا | Naha maranéh mahluk anu leuwih hésé diyugakeunana batan langit, padahal Anjeunna geus ngadegkeunana? |
28. | رَفَعَ سَمۡكَهَا فَسَوَّٮٰهَا | Anjeunna geus nanjeurkeun adeganana tuluy nyampurnakeunana. |
29. | وَأَغۡطَشَ لَيۡلَهَا وَأَخۡرَجَ ضُحَٮٰهَا | Jeung Anjunna ngajadikeun poékna peuting jeung caang-ngemprayna beurang. |
30. | وَٱلۡأَرۡضَ بَعۡدَ ذَٲلِكَ دَحَٮٰهَآ | Jeung sanggeus kitu, Anjeunna ngamparkeun bumi. |
31. | أَخۡرَجَ مِنۡہَا مَآءَهَا وَمَرۡعَٮٰهَا | Jeung ti dinya dikaluarkeun caina jeung jujukutanana. |
32. | وَٱلۡجِبَالَ أَرۡسَٮٰهَا | Jeung dijungkiringkeun gunung-gunungna. |
33. | مَتَـٰعً۬ا لَّكُمۡ وَلِأَنۡعَـٰمِكُمۡ | Keur bekel maranéh katut ingon-ingon maranéh. |
34. | فَإِذَا جَآءَتِ ٱلطَّآمَّةُ ٱلۡكُبۡرَىٰ | Nya upama tumiba kaributan nu rongkah. |
35. | يَوۡمَ يَتَذَكَّرُ ٱلۡإِنسَـٰنُ مَا سَعَىٰ | Dina poéan manusa aringeteun kana sagala anu geus dilampahkeunana. |
36. | وَبُرِّزَتِ ٱلۡجَحِيمُ لِمَن يَرَىٰ | Sarta geus ditémbongkeun naraka pikeun jelema nu hayangeun nénjo. |
37. | فَأَمَّا مَن طَغَىٰ | Sing saha nu doraka ngaliwatan wates wangen. |
38. | وَءَاثَرَ ٱلۡحَيَوٰةَ ٱلدُّنۡيَا | Turta ngutamakeun kahirupan dunya. |
39. | فَإِنَّ ٱلۡجَحِيمَ هِىَ ٱلۡمَأۡوَىٰ | Saéstuna nya Jahanam pikeun pangbalikanana. |
40. | وَأَمَّا مَنۡ خَافَ مَقَامَ رَبِّهِۦ وَنَهَى ٱلنَّفۡسَ عَنِ ٱلۡهَوَىٰ | Jeung sing saha anu wedi ku kalungguhan Pangéranna, sarta ngariksa dirina tina hawa napsu. |
41. | فَإِنَّ ٱلۡجَنَّةَ هِىَ ٱلۡمَأۡوَىٰ | Saéstuna, nya sawarga pikeun pangbalikanana. |
42. | يَسۡـَٔلُونَكَ عَنِ ٱلسَّاعَةِ أَيَّانَ مُرۡسَٮٰهَا | Maranéhna baris nanyakeun ka manéh (Muhammad) iraha bakal kajadianana kiamat. |
43. | فِيمَ أَنتَ مِن ذِكۡرَٮٰهَآ | Kumaha bisana manéh nerangkeunana. |
44. | إِلَىٰ رَبِّكَ مُنتَہَٮٰهَآ | Ngan Pangéran manéh, nu uninga pamustunganan. |
45. | إِنَّمَآ أَنتَ مُنذِرُ مَن يَخۡشَٮٰهَا | Manéh mah ngan tukang ngawawadian jalma-jalma nu sarieuneun (ku kiamat). |
46. | كَأَنَّہُمۡ يَوۡمَ يَرَوۡنَہَا لَمۡ يَلۡبَثُوٓاْ إِلَّا عَشِيَّةً أَوۡ ضُحَٮٰهَا | Dina mangsa maranéhna nénjo kiamat téa, pangrasana teu kungsi hirup di dunya, anging sapeuting atawa sapoé baé. |
Rujukan
🔥 Top keywords: TepasWikipédiaKategori:Nu babar taun 1956Perang Dunya IIj8qluWikipedia:PitulungWikipedia:NgeunaanWikipedia:Bantahan umumGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgKihkirJukutWikipédia:Taros kamiPortal:Keur lumangsungHusus:SungsiAgum GumelarPortal:PanglawunganWartaPortal:EusiHusus:AnyarRobahSahadat buhunObrolan:TepasBandung TVWikipedia:SawalaHidrologi433SMKS Al HasyimiyahPurwakantiWikipedia:PangwanohGambar:Cepot Wayang.jpgKecap (basa Sunda)637 SMCOVID-19800Citakan:Cite bookBasa SundaWaktu1200SirahFoto