Al Masad

(dialihkeun ti Al-Masad)
Al Masad
المسد
Informasi
HartiInjuk
GolonganMakkiyah
Surah ka111
JuzJuz 30
Statistik
Jumlah ruku'1 ruku'
Jumlah ayat5 ayat

Surah Al Masad atawa Al Lahab nyaéta surat ka-111 dina Al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 5 ayat sarta kaasup surat makiyyah. Ngaran Al Lahab dicokot tina kecap Al Lahab anu aya dina ayat katilu anu hartina seuneu nu ngéntab-ngéntab. Poko eusi surat ieu eusina ngeunaan nasib salah saurang pamanna Rosululloh SAW nyaéta Abu Lahab reujeung pamajikanana anu diancam ku siksa naraka.

Eusi jeung Tarjamah

Ayat kaTulisan ArabTarjamah basa Sunda
1.
تَبَّتۡ يَدَآ أَبِى لَهَبٍ۬ وَتَبَّ
Cilaka dua leungeun Abu Lahab, kalawan saéstuna cilaka.
2.
مَآ أَغۡنَىٰ عَنۡهُ مَالُهُ ۥ وَمَا ڪَسَبَ
Taya paédahna keur manéhna boh hartana boh saniskara nu diusahakeunana.
3.
سَيَصۡلَىٰ نَارً۬ا ذَاتَ لَهَبٍ۬
Manéhna baris abus kana seuneu naraka nu ngéntab-ngéntab.
4.
وَٱمۡرَأَتُهُ ۥ حَمَّالَةَ ٱلۡحَطَبِ
Pon kitu deui pamajikanana, tukang mawa suluh (tukang nyundut-nyundut kagoréngan).
5.
فِى جِيدِهَا حَبۡلٌ۬ مِّن مَّسَدِۭ
Anu dina beuheungna meulit tali tina injuk.

Hubungan Al Lahab jeung Al Ikhlas

Surat Al Lahab ngisaratkeun yén kamusrikan henteu bisa dipertahankeun sarta moal meunang sanajan jalma-jalma nu ngarojongna tihothat.

Tumbu kaluar

Rujukan

  1. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
  2. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
Surat sateuacanna:
An Nasr
Surat 111Surat saparantosna:
Al Ikhlas
Al Qur'an

123456789101112131415161718192021222324252627282930313233343536373839404142434445464748495051525354555657585960616263646566676869707172737475767778798081828384858687888990919293949596979899100101102103104105106107108109110111112113114

Kotak ieu: temposawalaédit