A.S. Roma

A.S. Roma nyaéta hiji kleub sépak bola ti Roma, Italia.[1][2] A.S. Roma panungtungan meunangkeun liga Seri A dina usun 2000-2001 ku asuhan palatih Fabio Capello.[rujukan?] Sanajan kitu, kleub ieu ngahasil nganjrek di runner-up Seri A teu kurang ti genep kali ti mimiti gagantian milénium.[1] Lian ti kitu, A.S. Roma ogé ngahasil meunangkeun dua trofi Coppa Italia ku asuhan Luciano Spalletti.[1] Panyetak gol panglobana sapanjang sajarah pikeun A.S. Roma nyaéta Francesco Totti.[1] A.S. Roma miboga stadion markas Stadio Olimpico anu kurang leuwih bisa ngawadahan 72.698 urang panongton.[rujukan?] Loba jujuluk anu nujul ka ieu kleub di antarana Giallorossi (Konéng jeung Beureum), La Maggica (The Magic One), i Lupi (Ajag).[1][2] Warna kostum jadi ciri hasna mah nyaéta konéng jeung beureum.[1]

Pamaén A.S. Roma

Sajarah

A.S. Roma diadegkeun taun 1927 asalna mah tina paleburan tilu kleub dina raraga ngawangun hiji kleub anu bisa nyaingan kleub-kleubItalia kalér anu leuwih dominan.[2] Sanggeus jadi runner-up dua kali dina taun 1930-an, AS Roma suksés ngarebut gelar Scudetto munggaran taun 1942.[2] A.S. Roma pernah ngalaman dégradasi dina taun 1951, tapi bisa dipromosikan deui ka Serie A nalika aya dina asuhan manajer Giuseppe Viani.[1]

Kajawaraan

Rujukan