7 Désémber

1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

7 Désémber nyaéta poé ka-341 dina sataun (ka-342 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 24 poé.

Kajadian

  • 1703 – Badéy Rohaka taun 1703, pangedé-gedéna angin badéy nu kungsi kacatetkeun narajang bagéan kidul Britania Raya. Kacepetan anginna nepi ka 120 mpj, sarta 9.000 jalma maraot.
  • 1869 – Jesse James mimiti ngarampog bank, nu kacatetkeun, di Gallatin, Missouri.
  • 1922 – Parlemén Irlandia Kalér milih tetep tumetep gabung ka Karajaan Inggris timang ngagabung ka Irlandia Kidul.
  • 1941Perang Dunia II: Serangan ka Pearl Harbor: Angkatan Laut Karajaan Jepang ngalumangsungkeun serangan dadakan ka kapal-kapal perang Pasifik Amérika sarta patahanan Angkatan Basanjata jeung pasukan udara Angkatan Laut di Pearl Harbor, Hawaii.
  • 1942 – Perang Dunia II: Komando Inggris ngajalankeun Operasi Frankton, hiji serangan ka kapal-kapal di palabuan Bordeaux.
  • 1946 – Kahuruan di Hotél Winecoff di Atlanta, Georgia, AS, nelasan 119 jalma. Pangmaut-mautna kahuruan dina sajarah AS.
  • 1949 – Perang Sodara China: Pamaréntah Républik China (Taiwan) pindah ti Nanking ka Taipei.
  • 1963Replay (tayangan ulang) mimiti dipintonkeun dina laga sépakbola Amérika antara AB ngalawan AL di Philadelphia, Pennsylvania, Amérika Sarikat.
  • 1971 – Patempuran Sylhet lumangsung antara militer Pakistan ngalawan Mukti Bahini ti Bangladesh.
  • 1983 – Boeing 727 Iberia Airlines diadu jeung Aviaco DC-9 dina kaayaan pinuh ku kabut, nalika kadua kapal éta keur ngadararat di Bandara Barajas Madrid, nelasan 93 jalma.
  • 1987 – Pasawat Pacific Southwest Airlines 1771, hiji British Aerospace 146-200A, murag deukeut Paso Robles, California, nelasan 43 jalma sajeroeun kapal, sabada saurang panumpang nu ngadat némbak dununganna tuluy némbak kadua urang pilot sarta nyetiran pasawat nyoba-nyoba ngadarat.
  • 1988 – Lini Arménia 6.8 Mw ngendag-ngendag bagéan kalér nagara éta ku inténsitas Mercalli maksimum X (Ngancurkeun), nelasan 25.000-50.000 jalma sarta cidera antara 31.000-130.000. 
  • 1993 – Panémbakan di Jalan Rél Long Island: Panumpang  Colin Ferguson maéhan genep jalma sarta natuan 19 séjénna di Jalan Rél Long Island di Nassau County, New York.
  • 1999A&M Records, Inc. lawan Napster, Inc.: Asosiasi Industri Rékaman Amérika nungtut layanan pangbagian file peer-to-peer nu Napster, nuduh minangka palanggaran hak cipta.
  • 2016 – Angkatan Basanjata Syria ngalumangsungkeun serangan skala gedé sarta nguntupan palawanan al (Sheikh Lutfi, Marja, Bab al-Nairab, Maadi, Al-Salhin) di wétaneun Aleppo bari dirojong ku Angkatan Udara Rusia jeung milisi Iran.
  • 2016 – Pasawat Pakistan International Airlines 661, dina hiji pangapungan doméstik ti Chitral ka Islamabad, murag deukeut Havelia, nelasan kabéh 47 jalma di jero kapal.

Nu babar

  • 903 – Abdulrrahman as-Sufi, astronom Parsi (td. 986)
  • 1924 – Mário Soares, présidén Portugis ka-17 (td. 2017)
  • 1932 – J. B. Sumarlin, menteri duduitan Indonésia ka-17
  • 1956 – Larry Bird, pamaén baskét NBA
  • 1980 – John Terry, pamaén bola Inggris
  • 1980 – Dan Bilzerian, aktor AS
  • 1981 – TIti Kamal, artis Indonésia
  • 1987 – Aaron Carter, panyanyi, aktor Amérika
  • 1988 – Nathan Adrian, atlét renang Amérika

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

Lua error in package.lua at line 80: module 'Module:Navbar' not found.