1762 – Rusia jeung Prusia néken Perjangjian St. Petersburg.
1809 – Mary Kies jadi awéwé munggaran nu meunangkeun patén AS pikeun téhnik nenun pipet make katun jeung jaitan.
1821 – Kaésar Napoléon maot dina pangbuanganna di Pulo Saint Helena di Samudera Atlantik Kidul.
1835 – Rél karéta nu munggaran di Benua Éropa dibuka antara Brussels jeung Mechelen.
1862 – Cinco de Mayo: Pasukan nu dipingpin ku Ignacio Zaragoza nahan serangan Perancis dina Patempuran Puebla di Méksiko.
1865 – Perang Sipil Amérika: Pamaréntahan Konféderasi dibubarkeun di Washington, Georgia.
1877 – Perang Amérika Indian: Sitting Bull mingpin Suku Lakota ka Kanada pikeun nyegah panganiayaan ti Tentara AS nu dipingpin ku Kolonél Nelson Miles.
1905 – Pangadilan Stratton sadulur dimimitian di London, nandaan panggunaan sidik ramo pikeun jadi bukti tina kasus pamaténian.
1925 – Surat panahanan pikeun John T. Scopes dikaluarkeun di Tennessee alatan ngajarkeun évolusi di sakola nu dianggap ngalanggar Akta Butler.
1930 – Amy Johnson miang, jadi awéwé munggaran nu ngapung sosoranganan ti Inggris ka Australia.
1936 – Pasukan Italia nempatan Addis Ababa, Éthiopia.
1940 – Perang Dunia II: Para pangungsi Norwégia ngadegkeun pamaréntahan di pangbuangan di London.
1940 – Perang Dunia II: Kampanye Militer Norwégia: Skuad Norwégia di Bénteng Hegra jeung Vinjesvinge nyarerah ka pasukan Jérman sabada sakabéh pasukan Norwégia di Norwégia kidul nyarerahkeun pakarangna.
1941 – Raja Haile Selassie mulang ka Addis Ababa; dipiéling minangka Poé Pangbébasan atawa Poé Kameunangan Pahlawan.
1945 – Perang Dunia II: Admiral Karl Dönitz, pangganti Hitler, maréntahkeun sakabéh Parahu-U Jérman marulang ka markasna.
1945 – Perang Dunia II: Pangbarontakan Praha dimimitian minangka hij usaha pajoang Céko pikeun bébas ti Jérman.
1945 – Perang Dunia II: Genep jalma palastra nalika hiji balon seuneu Jepang ngabeledug di deukeut Bly, Oregon. Mangrupakeun sakitu-kituna urang-urang Amérika nu maraot di wilayahna salila perang.
1945 – Perang Dunia II: Patempuran Kastil Itter, hiji-hijina patempuran di mana pasukan Amérika jeung pasukan Jérman tempur babarengan.
1955 – Perjangjian Umum, di mana Perancis, Inggris jeung AS ngaku kana kadaulatan Jérman Kulon, mimiti lumaku.
1964 – Majelis Éropa mutuskeun tanggal 5 Méi minangka Poé Éropa.
1972 – Pasawat Alitalia Nomer 112 murag kana Gunung Longa deukeut Palermo, Sisilia, nelasan 115 jalma sajeroeunna.
1980 – Opersai Nimrod: Pasukan Udara Husus Inggris nyerang kadutaan Iran di London sabada pangepungan salila genep poé.
1981 – Bobby Sands maot di rumah sakit panjara Long Kesh sabada mogok barang dahar salila 66 poé, dina umur 27 taun.
1992 – Musibah Stadion Armand Césari di Bastia (Korsika): 18 jalma palastra sarta 2.300 tatu nalika salah sahjij teras stadion rubuh saméméh laga antara SC Bastia jeung Olympique de Marseille.
1993 – Tilu urang budak umur dalapan taun ditandasa di Memphis Kulon, Arkansas, pamustunganna nungtun kana disidangna Tilu Memphis Kulon.
1994 – Panandatanganan Protokol Bishkek antara Arménia jeung Azerbaijan sacara éféktif ngareureuhkeun konflik Nagrono-Karabakh.
1998 – Pasawat AU Péru, Boeing 737, murag nalika ngadeukeutan Bandara Alférez FAP Alfredo Vladimir Sara Bauer, di Andoas, Péru, nelasan 75 jalma.
2006 – Pamaréntahan Sudan néken pasatujuan jeung Tentara Pangbébasan Sudan.
2007 – Pasawat Maskapai Kénya Nomer 507 murag sabada leupas landas ti Bandara Internasional Douala, di Douala, Kamérun, nelasan 144 jalma sajeroeunna.
2010 – Protés massa lumangsung di Yunani alatan diterapkeunna kawijakan panghématan ku Pamaréntah akibat tina krisis hutang Yunani.
2014 – Dua puluh dua jalma leungit sabada dua parahu nu ngangkut pangungsi tabrakan di Laut Aegea di leupas basisir Yunani.
2018 – Roko listrik ngabeledug, nelasan saurang jalma di St. Petersburg, Florida, kajadian jalma paéh munggaran tina produk vaping.
2019 – Hiji pasawat jét Rusia kabeuleum nalika nyoba usaha pangdaratan darurat di Bandara Sheremetyevo di Moskow, nelasan saheunteuna 41 jalma.
2019 – Patelak tilu poé antara Israél jeung milisi Gaza ngabalukarkeun maotna 4 urang Israél jeung 23 urang Palestina.
2019 – Vajiralongkorn diistrénan minangka raja Thailand.