2 Juli

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
28293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

2 Juli nyaéta poé ka-183 dina sataun (ka-184 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 182 poé.

Kajadian

  • 626 – Li Shimin, pijadieun Kaésar Taizong ti Dinasti Tang, nyerang tur nelasan dulur-dulurna nu jadi saingan, Li Yuanji jeung Li Jiancheng dina kajadian nu nelah ku sebutan Insidén Gerbang Xuanwu.
  • 1494 – Spanyol ngaratifikasi PerjangjianTordesillas.
  • 1582 – Patempuran Yamazaki: Toyotomi Hideyoshi ngeléhkeun Akechi Mitsuhide.
  • 1839 - Leuwih ti 50 urang abdi Afrika barontak na luhureun kapal abdi La Amistad deukeut basisir Kuba.
  • 1881 – Présidén Amérika Sarikat James Garfield ditémbak di Washington, D.C., sarta tilar dunya 79 poé ti harita.
  • 1900 - Kapal udara LZ-1 hasil diapungkeun lilana 18 menit.
  • 1937 – Amelia Earhart jeung Fred Noonan ngilang nalika keur ngapungkeun pasawatna saluhuren Samudera Pasifik. Noonan dinyatakeun maot dina tahun hareupna, sarta Earhart di taun hareupna deui (1939).
  • 1976 - Viétnam Kalér jeung Kidul ngahiji pikeun ngabentuk Républik Sosialis Viétnam.
  • 1990 – 1,426 jama'ah palastra dina insidén torowongan Mina di Mekah di Arab Saudi.
  • 1997 - Pamaréntah Thailand ngambangkeun ajén tukeur Baht. Krisis finansial Asia 1997 dimimitian isukanana.
  • 2001 – Jantung buatan AbioCor munggaran digunakeun.
  • 2002 – Steve Fossett jadi jalma munggaran nu hasil ngurilingan dunya bari teu kungsi reureuh maké balon udara.
  • 2013 – Sarikat Astronomi Internasional méré ngaran ka bulan kaopat jeung kalima Pluto ku Kerberos jeung Styx.

Nu babar

  • 1922 – Pierre Cardin, fashion designer Italia-Perancis
  • 1956 – Jerry Hall, modél Amérika
  • 1962 – Eddy Kurniawan, pamaén batminton Indonésia
  • 1983 – Michelle Branch, musisi Amérika
  • 1985 – Ashley Tisdale, artis, tukang ngawih Amérika
  • 1986 – Lindsay Lohan, artis Amérika
  • 1990 – Margot Robbie, artis Australia
  • 1991Kim Go-eun, artis Koréa Kidul
  • 1995 – Ryan Murphy, atlét ngojay Amérika

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar