27 Nopémber

12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

27 Nopémber nyaéta poé ka-331 dina sataun (ka-332 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 34 poé.

Kajadian

  • 1868 – Patempuran Leuwi Washita: Létkol Angkatan Darat AS George Armstrong Custer mingpin serangan ka Suku Cheyenne nu nyicingan daérah panampungan.
  • 1895 – Di Klub Swédia-Norwégia di Paris, Alfred Nobel néken wasiat pamungkasna sarta kasaksianna, nyayogian warisanna pikeun ngadegkeun Hadiah Nobel mun manéhna geus maot.
  • 1940 – Di Romania, partéy fasis Pangawal Wesi nelasan leuwih ti 60 pangrojong Raja Romania Carol II nu ditawan sarta pamumpang pulitik séjénna.
  • 1942Perang Dunia II: Di Toulon, Angkatan Laut Perancis nilem-nilemkeun kapal laut jeung kapal selamna dina raraga ngarah teu karebut ku Nazi.
  • 1975 – IRA nelasan Ross McWhirter, sabada konferénsi préss di mana McWhirter ngumumkeun hadiah pikeun saha-saha nu bisa néwak palaku sababaraha kali pengeboman jeung panembakan di Inggris.
  • 1983 – Boeing 747 Avianca 011 murag di deukeut Bandara Barajas, Madrid, nelasan 181 jalma.
  • 1989 – Boeing 747 Avianca 203 ngabeledug saluhuren Kolumbia, nelasan 107 jalma di luhur sarta tilu di lemah. Kartél Madellin ngaku tanggung jawab kana serangan éta.
  • 1997 – Dua puluh lima jalma dibantéy dina pangbantéan Souhane kadua di Aljazair.
  • 2001 – Atmospir hidrogén katimu dina planét saluareun tata surya, Osiris, ku Téleskop Luar Angkasa Hubble. Mangrupakeun atmospir munggaran nu katimu saluareun tatasurya.
  • 2009 – Karéta Nevsky Express ngabeledug alatan bom dina jajalaneun karéta antara Moskow jeung Saint Petersburg, tiguling sarta ngabalukarkeun 26 jalma maot jeung 96 cidera.
  • 2015 – Di Amérika, saurang panémbak sajeroeun gedong fasilitas KB di Colorado Springs, Colorado, némbakan saheunteuna opat pulisi. Saurang pulisi tuluy palastra. Dua urang sipil ogé sarua palastra jeung genep taratu. Si panémbak antukna nyerah.

Nu babar

  • 1940 – Bruce Lee, aktor laga Amérika kalahiran China (td. 1973)
  • 1942 – Jimi Hendrix, musisi Amérika (td. 1970)
  • 1956 – William Fichtner, aktor Amérika
  • 1964Roberto Mancini, pamaén bola / manajer ti Itali
  • 1966 – Abraham Samad, katua KPK
  • 1969 – Myles Kennedy, musisi Amérika
  • 1979Pasha, vokalis Ungu
  • 1992 – Park Chanyeol, tukang ngawih Koréa Kidul (EXO)

Nu pupus

  • 1934 – Baby Face Nelson, kriminal Amérika (l. 1908)
  • 1985 – Rendra Karno, béntang filem (l. 1920)
  • 1988 – John Carradine, aktor laga Amérika (l. 1906)
  • 2008 – V. P. Singh,PM India ka-7 (l. 1931)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar