.biz

.biz nyaéta domain undak luhur internét anu dipaké pikeun kaperluan bisnis anu pamakéanna sah sacara komérsial.[1] Ngaran domain biz ditambahkeun téh maksudna pikeun neruskeun domain com ajang pausahaan-pausahaan komérsial.[1] Domain biz mangrupa domain undak luhur umum ditojokeun pikeun bisnis, ieu domain sacara éksklusif dikokolakeun sarta dioperasikeun ku Neustar.[2] Domain biz ngarayakeun 10 taun milangkalana dina awal taun 2012.[2] Harita aya leuwih ti 2,2 yuta registrasi domain biz.[2] Kontrak Neustar pikeun jadi régister domain biz dipapanjang salila genep bulan, sanggeus éta mah panungtungan dina tanggal 31 Désémber 2012.[2] Dituluykeun kontrakna ku ICANN nepi ka kiwari, sarta dianyarkeun dina bulan Agustus 2013.[2]

Logo Biz

Rujukan