Pulus
- Kaca
- Sawala
Parabot
Umum
Di proyék lianna
Pulus; Laportea macrostachya nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Urticaceae. [1][2] Daun sarta bagéan séjén tina ieu tutuwuhan baris ngabalukarkeun rasa ateul mun seug paantel jeung kulit.[3] Pulus dina basa Inggris disebutna wood-nettle.[4]
Lamun ditempo tina kaca husus (microskop), bulu-bulu anu aya dina tangkal pulus tungtungna henteu marencos malahan bulenek.[5] Ngan lamun paantel jeung kulit ieu bulu baris potong, tah popotongan na ieu anu jadi méncos sarta bisa nyeceb kana kulit.[5] Sabadana nyeceb kana kulit ieu tangkal baris ngaluarkeun hiji racun nu disebut asam kersik; asam format, anu ngabalukarkeun kulit karasa ateul jeung panas. [5] Mingkin digaro ieu rasa ateul malah leuwih nerekab ka mana-mana. [6]
Tangkal pulus mikaresep taneuh anu jemlek sarta kaiuhan, jarang katempo pulus hirup di tegalan anu taneuha garing.[4] Ilaharna hirup sisi susukan atawa handapeun tangkal kai gedé, pulus katempo hirup di wewengkon anu perenahna 800-2000 luhureun beungeut cai laut (mdpl).[7]
Pulus kaasup tutuwuhan Terna bisa hirup nahun anapon perenial, Saperti kalolobaan tutuwuhan tina kulawargga Urticaceae ciri mandiri tayalian Mibanda bulu anu bakal karasa nyeureud mangsa paantel jeung kulit.[8]Jangkung tangkalna kurang leuwih 80 cm, kembangan bulan Juni-Juli sarta buahna asak di bulan Agustus-Séptembér.[4]
Aya kana 22 rupa genus tina ieu tutuwuhan[8] spésiés, kaasup :
Sebelumnya masuk ke genus ini:
![]() | Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |